Badoejsche Pantoenverhalen/Lalakon Radén Tegal

Bagian-bagian Badoejsche Pantoenverhalen
Inleiding I. Lalakon Raden Tĕgal II. Lalakon Langga Sari III. Lalakon Paksi Kĕling IV. Lalakon Koeda Wangi V. Lalakon Panambang Sari VI. Lalakon Kidang Panandri VII. Lalakon Gadjah Loemantang VIII. Lalakon Bima Wajang IX. Lalakon Ranggah Sena X. Lalakon Koeda Gandar Sadaya

I

LALAKON RADÉN TEGAL

JAMPÉ NGUKUS SAMÉMÉH MANTUN

Cik urang diajar ngawih, sok mumul barang pulangan, sok mumul teu hadé teu dipulangan, sok mumul barang babanéh, demi cangkangna reujeung eusina, mangka saruwa lobana cangkangna reujeung eusina.

Pun sadu kaluhur, ka handap, ka Batara Séwak larang Sanurgaha, nitipkeun sarwaking ka Puaci Jenggik Manik, ka Sangumbang ka Sangambung, ka terusan nu di manggung, ka Batara Sanurgaha, ngamitkeun putra sahiji nu calik di tanah pangumbaraan.

Mula dalem kenceng ngumbara, nyijar nu puter kurung di pangambung, tapak jalak di létahna, meulit ka buwah biritna, parat ka dampal panangan, nu balabah ka kula kadang, saréséh hadé ka sémah, bisa mapas maus mawur, méré mawéh nyeureunkeun ka nu sakeudeung, nu purah ngajurung nyandung, purah ngaweuy kabeungharan, ngagaweuy pati ageung, nu matak héjo lalakon.

Calik di padaleman nyungguh kana kasur babut, nyanda kana kasang gumelar, nyarandé di lalangsé cindé, kajungjung lalangsé wulung, kaséréd lalangsé cindé, di dalem di karantenan, di enjung luhur di tumpang pitu, lungkang lengkéng genténg lawé, séréng genténg kancana, suka bungah wajang tapa, kiriman pandakawan, pandakawan kuring kadang Hatut Gugur Wasiat Hujan Galak nyawang Teu Tinggaleun, calikna di pakemitan, sila nanggeuh kataweuran, marek tapa ka girang gusti, midéngdék tuwang paréntahna.

Ayeuna nyaritakeun ramana Radén Tegal, nu ngaran Prabu Rangga Kancana.

Pangéran Rangga Kancana nu purah nanggul sagara guntur, nambak sagara geni, reueus meureun, kéwat meureun, ja nagarana; tuluy nyaur ka si Léngsér: "Kuta langlang sapeuting tujuh kali, ti beurang tujuh kali, nu carangcang lanat, nu luhur handapkeun, nu handap luhurkeun."

Nyaritakeun jompong heula. jompong matur hajang ka pasar, ari nu dibawa pasung putih reujeung laksa dagangkeuneun: "Nun, gusti, kula pamit, hajang masar ka pasar soré."

Barang balik si jompong ti pasar, papanggih jeung pawarang Prabu Rangga Kancana, calik dina waru doyong. Si jompong unjukan ka Prabu Rangga Kancana, yén manéhna manggih istri dina waru doyong, pantés mun tuwang pawarang di Pajajaran, ayana dina waru doyong. Cék si jompong: "Aideuh, pantes mun tuwang pawarang di Pajajaran."

"Owah, coba, jompong, téyangkeun, owah, geura téyangkeun tétéh siya kana waru doyong, aéh, aéh geura ngiring tuwang si nyai."

Bral angkat ngaleut ngaleut ngabandaleut si jompong jeung Mama Lurah, ngiring nu calik di waru doyong; jebul sumping damping dongkap datang pun jompong ka waru doyong. "Adeuh, adeuh, geuning lain pangawulaan; baheula eukeur di Pajajaran mah geulis, ari kiwari mah kusut rambut, géncél kaén, tulang tonggong siga peuteuy, iga siga pangérétan karéo, euh adeuh, mama, bener kula, adeuh bét baréto geulis."

Tina sabab teu diaku ku Mamah Lurah, laju dipaéhan baé nyi Tanjung Pakuan, tuluy ditujahkeun ka curug nutug Cipatahunan, parakan baranang siyang, top buhaya domas pangmajuhkeun; buhaya domas pada nyembah.

Kacaritakeun pun jompong mulang, leumpangna pageura geura, pagancang gancang, rusuh paburu buru ku hayang geura haturan.

Nu geulis Lénggang Kancana datang masang tabé mamungkureun, kalimborot kadiga nongtot, katuncar paranjang gagang, masang tabé geus mungkureun.

"Owah, tumangtung tunggaling guru, sumeja tunggaling gena, gorojog tanpa larapan, bagéja sumping calik."

"Owah, enya atawa lain; adeuh, lain si nyai ja baheula mah geulis kabina bina."

"Adeuh, si étén, ajeuna mah geus ditujahkeun ku Mama Lurah ka curug nutug cipatahunan ka parakan baranang sijang."

Kacaritakeun nu dipalidkeun nyorang kana sapan ki Mananggong. Tidinya pawarangna ki Mananggong nyiram, hajang rujak [ 51 ] honjé, salin pikir, pindah nijat, hajang dahar lauk, lamun jujung hajang indung, lamun régis hajang nini nini, lamun kancra hajang bapa bapa, guramé hajang cawéné.

Peuting kasedek beurang, beurang kasedek ku peuting, kapupusan damar agung, kapepesan candra dita, céngklang saéran disada tatangguhna rék beurang celegong kotok kongkongok.

Geredug tanghi nyai Mananggong. "Adeuh, ki Mananggong, geura hudang geus beurang. euh, naon pigara garaeunana, geus heubeul nyuhun nyuhun hulu, manggul manggul taktak, ngagégémbol buwah birit, bet kakara aja palamatan kijeu."

"Adeuh, nyi Mananggong, ngimpi naon?"

"Hih, adeuh, ki Mananggong, kula ngimpi katindih manik, katinggang emas ranggeujan."

"Adeuh, nyai, éta mah pirejekieun."

Bral angkat kai Mananggong, mundut duhung ti Gantungan, kondali sarangka keris, diséngklangkeun tebéh tukang, rék néjangkeun tataheunan, adat adat ki Mananggong dék angkat, méméh angkat laj keupatna.

"Adeuh, nyai, girang kaka neda amit parasaben, kaka dék néjangkeun tataheunan."

"Euh, kaka, rampés, ulah kebel baé."

"Adeuh, nyai, mohal kebel, ngan sakebel kaditu jeung kadijeukeun." Daweung lundang lindeung gurudag ka pangkalanana, néjang bubu, luput teu meunang; noöng sosog, poös teu eusian; barang néjang sapan bet ngagedug diga cahaja, ngapung ka manggung ngapak ngawang ngawang.

"Adeuh, palangsijang banténg itu dina sapan aing; beuki deukeut, beuki leutik; ana dideukeutan, bet beuki leutik baé, datang ka sagedé peucang, éta geuning bet naon gara garana éta dina sapan aing?"

Béh katénjo bugang nyai Tanjung Pakuan dina sapan ki Mananggong; adat adat ki Mananggong sok siheun ku bugang, lumpat haruhah harihuh; pulang bluk nangkuban, blak nangkarak, ngutahkeun caduk leuleunjeuran ku bawaning capé.

"Adeuh, ki Mananggong, naon gara garana manéh lumpat tarik ngabecir, mun géring, géring kunaon? nya tuwang kuring nu pinambaaneun."

"Owah, nyai, lain neumu kasakit kapeurih; ja sangijang sapan disorang bugang."

"Na kunaon ditinggalkeun? Bugang ogé, hadé dibawa." [ 52 ] "Adeuh, nyai boro ampar ku mawa, ja kasiheun kaka bugang."

Tidinya dagdag digdig sangkal singkil nyai Mananggong néjang sapan ku manéh, diilikan ku nyi Mananggong bari nyaur:

"Ti luhur sarélang kawung, ti handap sarélang langkap, ti téngah kembang sauheun, ti luhur pamulu ratu, ti handap mun rupa ménak, ti tengah lain saureun."

Jung dijungjung bugang ku nyai Mananggong, dibulak, dibalik; raheut dijampé raheut, peupeur dijampé peupeur; dijampé kahuripan, kijeu pokna:

"Cundukkeun rahajuna ti timur, datangkeun rahmatna ti barat, ti kudul nungku nungku, ti kalér asup lingga omas, asup duwa asup teulu asup genep nguren nguren, asup tujuh nungkul nungkul, asup sukma kakurungan, meujeuh saré ti pojan, meujeuh geureuh jeung geureung, kapang kapang jeung gaäng, papasinian jeung cacing." tuluy didudut rambutna sakuren, dikurilingkeun teulu kali. "euh, nyai lilir tanghi hudang koréjat!"

"Adeuh, nyai, ajeuna salin ruwa salin kangaran, ngaranna nya diganti nyai ciliboma Sari Raja Inten Sang rimbang rimbang Buwana; adeuh, sijeup teuing basa ibu."

Bral angkat mulang ngaleut ngaleut ngabandaleut; gredug sumping damping ka bumi.

"Adeuh, nyai, ulah tumangtung tunggaling guru, grojog tanpa larapan, bagéja sumping calik!"

Kacandakna bokor jangkung, bokor jangkung simbar kancana, beunang meuli lima juta, ditorogan jompong duwa, manan beunang dilumpatkeun, sok nyusun beunang ngalukun, sok nyéksék beunangna nékték, diseureuhan seureuh euleus, tajung garung salémbar bawa cileungcang, dipinangan pinang kelang, bawa sémah datang ngujang, diapuan apu hambur, sésa tabur tawé meureun sugan sanget nu ngalemar baé.

Adeuh, ulah dék mijukut batu, mijampang cadas, namijang lésang, palijas teuing saur saurna, ja diseureuhan seureuh kunang seureuh kuning, seureuh kuning tina jeungjing, seureuh kunang tina muncang, dipinangan pinang wangi teulu adi, dipasiku calaketi, rogojol jadi dalapan, ngaranna pasi parawan; diapuan apu susuh ti Malaju apu karang ti Karawang, dibeuleum di pipir bumi, disuluhan ku suluh garu, dipancaran ku candana, ditinyuh ku ajér mawar, dipalar amis, dilemarna careuh beureum, tinggalung calakutikan, sadu macung darma meucang, mikutu simbut kuwar sinjang sapala tumarima, lamun péacangéanana rampés geura pucang kacandak lemareun satékték dibeuweung diameur ameur, dicapék diancéng ancéng, dilemar ombak ombakan na tungtung landep daun curuluk, miceun cikeusal ngaluwah ngaranca beureum, kasipuh karatuan kajongjonan ku kaménakan, seupah buruk dipaculkeun ka buruan padaleman, mangkana malang nyumbirang, tanding kasintu mancirang, hapur diga kembang bungur, ninggang parung kembang dadap, ninggang bantar séor sentor, pibéjaeun bisi pétal pinémbalaneun.

"Adeuh, nyai, ajeuna mudu diwuruk si Méné ngeujeuk." Dibéré kapas tujuh bobot kantéh tujuh tukel, tuluy calik di balé babut balé gantung balé ganjar balé tulis balé keusik paninunan, angkat ninun dibandung kadalapan satunjang deui, méndék méntal na panangan, nanambuk cangcangan baluk pakarana patedakan, pakarana emas emasan jingjingan ti Nusa jenggi limbuhan ti Nusa Galuh baréra ti Medangrarang totogan ti Menang kabo; tali caor kawat jantra dijingjing ngirincing, dikésoh késoh ngoroncong, génggé emas génggé aduan, heuleut heuleut génggé buwah bungur, magutan ka hapit kentrang.

Tinun dilanggurupkeun, ari indit ngusap birit, bisi birit maheum samping, ja larangan budak ngora, cipangulas dibaturkeun, nya bisi ditotor méjong, kajeun teuing bisi dikojajan anja anja.

Matur ka tétéhna nyai cilibomasari: "Aceuk aing aceuk ageung, haréndang keujang hajang teuing geura siram ka sumur bandung talaga hurip pancuran jolang salaka." "Adeuh, inji kunaon ngadadak kijeu sarina nyeuri beuteung." "Aih, aceuk aing aceuk ageung." "Ari teu ngeunah rarasaan mah geura mulih baé ka girang ibu." Angkat ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut mulang jeung si inji, angkatna naliktik bumi, angkatna nalangtang désa, gurudag ka padaleman, masang tabé ka mungkureun gorojog tanpa rarapan bagéja sumping calik, gék calik di padaleman. "Pangapunten, girang ibu, kunaon nya rarasaan ngadadak nyeri beuteung, kitu ogé ngaturkeun beuheung teukteukeun, iga rakrakkeun; ti luhur sa siket rambut, ti handap sarundaking dampal."

"Adeuh, inji, badéng nyeri beuteung, deuk ngajuru."

"Sukur teuing suhunan ibu élok nulung."

"Euh, inji, rampés dék ngajuru mah." Bug ébog si inji tajam ngaheujeun sakali kaduwana, burulak ngajuru, diurusan, dibarutan, dibérésan.

Kacaritakeun peureuhan teulu poe teulu peuting; barang meunang tujuh peuting pék peureuhan deui. [ 54 ] Kacarita cénah éta budak ceurik baé; geus bungbeng nu ménta ubar, gumeder eusina lembur ménta ubar lalampahan sapoë.

Ki Mananggong kasusahan kapépénan kapanasan kahijangan; lérét nyi Bomasari: "Palangsijang, girang rama, si utun téh ménta ngaran; geura ngaranan baé ku tuwang rama."

"Ih, nyai, ngiring pikersaeun." Pék dingaranan Radén Tegal Sukma jaja Tunggul Menur Tumpang Sari Radén jaksa Katalajah Nu Séda Dina Waru doyong Andegna Di Bojong Mananggong. jempling geus kitu mah si utun héës beurang jeung peuting.

Diayun ku girang ibu bari dikawihan: "Ajun ambing lila nyaring, manan nyaring ku di sanding, ajun puntang lila hudang, manan hudang ku diguwang, utun meujeuh ulah pundung, ja sija geus dinamaan, nama sija Radén Tegal, ganti peuting beuki gedé, cénah Radén Tegal."

"Owah, suhunan ibu, hajang dicangcutan."

"Euh, suhunan anak, hajang dicangcut mah rampés; adeuh, utun, badan ibu nu nyangcutan inya."

Dicangcutan cangcut alus, disinjangan sinjang lésang, matak tisaradat tuma, matak neundeut laleur, matak tidagor aro, beunang ngalijar di jero lijang.

"Adeuh, girang ibu, suhunan putra hajang ulin."

"Hadé, tuwang putra, tapi ulah jauh teuing nguliling di pipir bumi, kacacangan na pamidangan, kuriling ka pipir leuit."

Di dinya girang kai ngajeujeut bubu; matur si utun: "Naon, girang éjang, ijeu nu ngalowong?"

"Adeuh, utun, seungkeur bubu areuj mangéndér, ulah diheureujan, utun, bubu téréh anggeus."

Direbut ku si utun seungkeur bubu.

"Coba, girang éjang, ijeu seungkeur bubu pangdéngdéngkeun." Laju dicandak ka padaleman.

"Rampés, utun, geura nyusu."

"Owah, suhunan ibu, hajang ulin deui."

"Adeuh, suhunan putra, rampés deuk ulin deui mah." Lérét nyai Méné, rék matur lain ku lukun, dék nyembah lain ku bantal, lamun hadé ku lémék baé.

Sukur dara ditangtung, sabda dara dikecap, ulah cicing pucuk paling, babar pisan lekas béntés, béntarakeun kabangbing sakit kabingbing, hajang katolojo bogoh, boga hajang mupu kembang ka Tegal Alas Malati Tumpang; lamun rempug sama [ 55 ] dulur, sumedang turun kasuka, mun tahun tahun danuh, mun bulan bulan sémaga, meungpeung poë poë wagé, hajang nindak poë ijeu baé, adeuh, kitu ogé kudu matur ka girang ibu.

"Adeuh, girang ibu, ijeu kami amit matur hajang mupu kembang ka tegal Alas Malati Tumpang."

"Rampés, inji, dék mupu kembang mah, tapi ulah dipupu manceran tangangé."

Semprung angkat nu mupu kembang; grudag sumping damping dongkap datang ka tegal Alas Malati Tumpang; hanjuwang lungsir tebéh gigir, hanjuwang bokor tébéh jero, hanjuwang paros tebéh luwar, nu jauh diranduk, nu anggang diréngkas, nu bagus picucundukeun, nu seungit pisusumpingeun, nu haneut geusan tatap beuteung.

Kacaritakeun di nagara Kuta Majangkar, anu jadi ponggawa Rangga Patala; adina istri Lénggang Wajang. Rangga Patala nyaur ka adina:

"Adeuh, adi, akang kabangbing sakit kabingbang hajang ka nu jauh lemburna, anggang nagarana di nagara Gunung Singguruh, kateguh ku nagarana baé, nu kasép Radén Singguruh, adina istri nu geulis Lénggang Singguruh; ponggawa ti Kuta Majangkar ngersakeun papanggungan di jabakuta Gunung Singguruh; ajeuna inji kudu asup ka jero nagara, girang raka kudu dipinanyaänkeun."

"Ngiring, tuwang pikersaeun."

Bral angkat nyai Lénggang Wajang, nyandak kandaga kancana, seureuhna galigiran emas sagedé kurung kasintu; sumping damping dongkap datang ka padaleman, pok masang tabé: "Aceuk aing, aceuk ageung, masang tabé mamungkureun, kalimborot kadiga nongtot, katuncar paranjang gagang, tabé sapun milu nganjang."

"Rampés, adi, tumangtung tunggaling guru, grojog tanpa rarapan, rampés, calik ka bumi girang tétéh."

Gék calik, matur lamun biwir biwir anjingeun tikoro kotokeun, ruwah riwuh sok hajang nanya béja, sok inggis manan maut hinis, sok reuwas manan tumpak jeuntas, asa cunggelik di huntu keris, cungkelang di huntu pedang.

"Adeuh, tétéh, ulah inggis, ulah reuwas pibéjaeun, meureun aja supaja saeutik ilu ka gedé babatakan; kembang peuteuj sok mendul katungtungnakeun, majar manéh mah kabita ku deungeun deungeun; poëk mongkléng disasaran, aleum dideudeul ku iteuk, anggeuj anggeuj mawa seureuh séwa ka panjang helaran, lamun [ 56 ] sapuk sama dulur réong reung tineung sumëdang turun tisuka."

"Adeuh, adi, lain nampik lain nyikang lamun ka ratu Rangga Patala, sabab ratu kasuhur burung ménak kawulang édan, leutik bulan seutik burungna gedé bulan seutik ingetna, burung nukuh édan mangkalan; kilang kitu ogé, ari maksa mah lamun kasorang ngadogdog nyijeun arotan, ngadadak nyijeun karija di nagara Gunung Singguruh sababancik hulu, nu, geulis girang aceuk sumangga."

Bral mulang déni nyai Lénggang Wajang ka jabakuta, ditanya ku rakana Rangga Fatala: *Kumaha, inji, boga béabéanangan?

"Owah, raka, di ngaranan boga, ja henteu boga; dingaranan téa boga beubeunangan, ja boga; adeuh, kakang, gedé teuing pépéntaänana."

"Owah, adi, ménta naon?"

"Euh, akang, hajangeun sababancik ku hulu nu geulis di Gunung Singguruh."

"Adeuh, adi, gampang sakitu mah, najan nyijeun langit ogé, girang kaka bisa; adeuh, inji, ulah leumpang sajangkah indit sanyari, tungguan papanggungan; pileuleujan manuk undar kaditu kadijeu deui, ciduh kembung ninggang parung ninggang bantar balik deui ka badan adi; adeuh, adi, meureun girang raka balik deui."

Semprung ménak nu ngapung, adat adat ménak dangdan sangkal singkil, dagdag digdig jumedud, bari dicangcut daweung, taja ka keueung, daweung badé ludeung, sumping di barungbung riboét, sumping di cahajaning angin, grudag ka ci karapak séah ka patapaan hujan, tuluy ka paguruh ka patapaän guntur, tuluy ka patapaan gugur nyélékét ka panon poë, ngaliwat ka papaking sarangéngé, sumping ka para méméga, ka méga beureum, ka méga hideung, ka méga si karambangan, ka méga si karimbingan, ka méga si karantënan, ka méga si karajunan; grudag ka méga malang, ngalirik ka méga nyodor; tuluy niis di méga nyodor, ngitung ngitung sandi tahun, ngéjér ngéjér sandi poë, milangan sandi bulan, ngalirik ka buwana panca téngah; blas ka tegal Alas Malati Tumpang, katung kapintan ka nu keur metik kembang, ka nu geulis Boma Sari Raja Inten Kombara Sang rimbang rimbang Buwana. Ponténgkeun lénggokkeun mastakana ti handap, brabat séjor luhur ti manggung, ronggéjat ti awang awang; grudag datang.

"Lamun sakti ti leuleutik asak tapa ti bubudak, itu nyai Boma Sari mangka deukeut kadijeu ka aing. [ 57 ] Ngadadak kingking tiiseun di tegal Alas Malati Tumpang. Adeuh, inji, aja naon ngadadak kijeu rarasaan?

Sémprung pada lalumpatan nyampeurkeun ka Radén Rangga Patala; tuluy dikandung, dibawa lumpat; tidinya reg ngarandeg mikir mikir, ari leumpang turut taneuh, warang wurung di dongdon nyingcing calana giringsing, cawet cara pokék, ngadedel ngeumbing langit, nyakar méga, semprung ngapung ka manggung datang kandék kandék, tangan koléjang kahandapkeun deui; grudag datang ka papanggungan, gék calik ka papanggungan. Ditanya ku adina.

"Adeuh, girang raka, ngandung naon, gedé gedé teuing?"

"Naon naon baé, wantu wantu nu ngalasan, supa kolot ogé dikandung."

"Adeuh, girang raka, lamun supa kolot kadijeukeun, badan adi nu ngasakan inya."

Pék baé dilaän tina kandungan, gorolong si dempok dénok, géréléng si mégléng konéng.

"Teu sudi teu radin teuing, aing aja di dijeu, katineung jeneng si utun dijingjing rambing, diiwat heulang, diiwat ku anak deungeun, teu sudi teu radin teuing, dipaké nutu ku jenggu, dipaké napi ku jenggi, dipaké ngéjo ku bajo, aing geura pulangkeun ka nagara aing nagara Bojong Mananggong."

"Adeuh, nyai, mohal dipulangkeun, mana dibawa kadijeu, dék dipaké babancik; aéh, inji, top geura omongan."

"Adeuh, aceuk aing aceuk ageung, meujeuh haréwos, meujeuh nangis, jaga géh urang kasorang ngasuh ratu ngajak ménak."

"Owah, Léngsér, geura bawa ka pamanggahan kaubna gebang nunggal." tuluy hijangan para gelangan widak widak sangrama; tuluy matur ka si Léngsér.

"Owah, Léngsér, ajeuna tuluy ngadadak karija, hajang meunang goöng tujuh bangunan angklung salawé tatapan; owah, Léngsér, munding geus meunang sabraha?"

"Aduh, sembaheun, munding meunang salawé kandang eusina panyalawéan, di luwar salawé deui."

"Adeuh, Léngsér, atuh laku pikeun ngadogdog nyijeun arotan."

Kacaritakeun Radén Tegal keur calik di padaleman.

"Euh, girang bibi, kamana suhunan ibu mana euweuh?"

"Owah, utun, ulah disijar tuwang ibu dijingjing bangbing, dipantrang heulang, diiwat ku anak deungeun." [ 58 ] "Adeuh, girang bibi, moal warang wurung didongdon téa kawawa ku hajang nginang."

Laur Radén Tegal leumpang sakaparanparan, nyorang lebak, mipir pasir, blas ka tegal Alas Malati Tumpang.

"Beu enya, suhunan ibu aja nu ngiwat!"

Tonggoj Radén Tegal nyusul girang ibu, blas ka nagara Gunung Singguruh, gok papanggih jeung girang ibu; tuluy rap nginang ka girang ibu.

"Adeuh, geuning si utun nyusul."

"Owah, ibu, tuwang putra hajang nginang."

"Utun, meujeuh nginang, nginang ja ibu geus teukteuk beuheung tigas mastaka, bakal dipaké babancik, dilijung ku pangulu tandang sapada baris tumbak sapada baris bedil."

Ger raméning ngamuk Radén Tegal dorogdog waja kamana, nyuduk ngatuhu, ngadupak ngénca, aja beunteur beubeureuhan, aja bogo bobogohan, bawaning raméning perang nu kasép Radén Tegal; bébas kabéh ku Radén Tegal.

"Aduh, utun, geura undur nyijar lembur nu sikluk mandala nu séngkal, nyijeun lembur kamatuhan dajeuh kamaneuhan, banjar karang pamidangan, nyijar tampijan nunjang ka langit, badan ibu piindangeunana."

"Adeuh, ibu, mohal undur hajang cunduk lelebur datang peperang ti nagara Gunung Singguruh."

Tidinya mah hahaok sosowak Radén Tegal nangtang perang ka nu kasép Radén Rangga Patala, ponggawa di Kuta Majangkar.

"Haih lamun enya nu kasép Rangga Patala lalaki di jero bumi lalanang jagat, geura turun, sugan aja lembu beunang ngungkung, aja badak beunang nyangcang, nya ajeuna urang perang tandingan!"

Owah, datang musuh satru tuturunan, atuh datang mah meureun ja puguh diogan, seug neukteuk lamun ludeung, cék ngadék lamun daék, kamana pinibaeunana, kadijeu kulit bingbin purasani, puk hampul asa kapuk, pak hampang asa kapas, suduk maru tinggang baraja gulingan, jekék ting baranyaj ting gurilap ting jarekék bawaning ku ramé perang nu kasép Radén Rangga Patala ponggawa di Kuta Majangkar jeung nu kasép Radén Tegal, ditéwak cangkéngna Radén Rangga Patala ku nu kasép Radén Tegal, dialungkeun hijung hijung ka luhur ka sang rumuhun ka handap ka sapatala, dijejek, jekék modar nu kasép Rangga Patala. Haok sentor nu kasép Radén Tegal nangtang [ 59 ] deui ka sakabéh kadang wargana. Turun nu kasép Radén Singguruh, daweung daweung nu rék angkat perang, silih awur ku ciduh, silih bura ku pangabisa, silih colok siki bolor giler, silih cabut cacangcutan, silih banting bebengking, rékép keukeumbinganana Radén Tegal; papijuh paädu pujuh, pagéléng paädu céléng, ger baé ngadu kasaktian gero ngagero Radén Singguruh.

"Aduh, rai, meujeuh, ulah dikijeukeun, ijeu girang raka taluk, amit ampun, girang raka asup ulun kumawula, kabéh kabéh ijeu lajuan sérén teu borong suhunan rai, hajang dihirupan deui."

"Adeuh, gampang, raka, gampang." Di ulas ku ciduh bari dijampé ku nu kasép Radén Tegal, tingkoréjat kabéh pada hirup deui, pada calik ka padaleman ngaraja di nagara Gunung Singguruh.

Heubeul ti heubeul Radén Tegal hajang angkat mulih ka nagara Bojong Mananggong, murud angkat sanagara ngaleut ngeungkeuj kaja otét ngiring nu kasép Radén Tegal.

Sumping damping dongkap datang ka nagara Bojong Mananggong, calik ka padaleman, jadi raja diiring ku ponggawa Radén Rangga Patala, kai Mananggong jeung nu kasép Radén Singguruh. Heubeul ti heubeul ti nagara Bojong Mananggong pindah ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, rangkad sajagat ka nagara Pasir Batang Karang Tengah, mulih ka nagara ramana Prabu Rangga Kancana; papatihna Prabu Kuda Kancana, linggihna di babaléan, léngréng baris ponggawa di babaléan.

Kacaritakeun baris pawistri calik di padaleman; nya didinya lembur matuh dajeuh maneuh kumawula ka ramana Prabu Rangga Kancana. jempling nu kasép Radén Tegal henteu kacaritakeun deui. Nu jadi papatih dalem Pangéran Kuda Kancana reujeung Radén Singguruh; leuleuj raeut lulus runtut.