Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/101

Ieu kaca geus diuji baca
96

langkoeng abdi hantě wěrat ngalampahkěn, sabab lamoen kitoe, gamparan nětěpkēn ka dosa koering sĕrta nganijaja! Radja anom mésĕm, bari ngalahir: Hé Abdoelkarim, lamoen manéh hantě daék noelis, djadi boekti manéh njoempoetkĕn éta oewang ĕmas, toeroetken baé omong aing, děmi Alah mowal djadi nětěpkěn anoe tě maling djadi maling! Tina di paksa, pék Abdoelkarim noelis, bari ngadég-dég, di kětjapan koe Radja anom datang ka tamat, oenina tjara noé gěs di sěboet tadi; sanggěs di tanda koe Abdoel karim, toeloej di tanpa koe askar, di piwarang di bikěn ka bodjona Abdoelkarim. Askar ngaloempatkěn koeda, tě lila datang ka lĕmboer Abdoelkarim; barang soerat di tampa koe bodjo Abdoelkarim, tétéla jén toelis salakina. Barang tamat di watjana, bodjo Abdoelkarim ka lĕngěr, tina gěs roemasa jén salakina bakal měnang balahi, sabab gěs ngawaléhkěn manéh ka Radja. Barang ingět toeloej njokot kantong koelit, wadah oewang ĕmas téja bari tjěrik, sĕrta ngaloengkěn kantong, pokna: Nja ijě noe matak tiwas téh!