Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/105

Ieu kaca geus diuji baca
100

sĕpoeh sapoeloeh pasmat, tina tarima di toeloeng tarékah sérta malĕs kabagěrañana. Djĕng ninggalan paměli imah baris wakap, harga salawé pasmat, soepaja hětib sĕpoeh bisa mondokěn sémah noe tjara ama.

Barang datang kadijě ama tjoetjoerak, měntjit sapi, domba kibas, ngatoeranan ménak-ménak, oelama-oelama, sodagar-sodagar. Toedjoeh powé toedjoeh pěting hantě ěrěn soekan soekan, djĕng oenggal pěting ama tjarita lalampahan ama kĕr lĕlěmpañgan téja. Sěrta di tanggap koe ménak- ménak, koe oelama-oelama, koe sodagar-sodagar.

Tah kitoe tjarita ama, ajěna manéh gěs pada ngadéngé, rasa ama pantěs, ama sakijě nja kaběngharan. Běnang měli koe sakitoe kalaraan, kabalangsakan, katjilakaan. Sěrta ama hantě pantés, lamoen sapéh, těgěsna béréhan hantě oeroes, tamplok batjokĕn, tina sakitoe běnang hésé na. Sasat běnang nělenan ti laoet, ngodjajan ti sagara, běnang meli koe pati, běnang něbas koe njawa, sanadjan ka anak, ama hantě rék ngamonjah-ngamonjah. Ari maranéh hajang balĕnghar, nja koedoe tjara ama héséna! Para poetra noe tiloe minděl taja noe ngawalon, ngan poetra boengsoe, noe ngaran Oemar Sanoesi, noe ngawalon téh, kijě pokna: Éta sadaja tja-