Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/107

Ieu kaca geus diuji baca
102

rijos. ama gěs ka koeping koe koering, sareng pěrtjanten, nja lěrĕs timbalan ama, jén éta kaběngharan ama sakijĕ sasat běnang nělěman ti laoet, ngodjajan ti sagara, běnang měli koe pati, něbas koe njawa, ngoeroep koe oemoer. Koe sabab éta patoet di pikanjaah kana kaběngharan ama sakitoe, karana mahal modalna; ajěna koering hantě rék njoehoenkĕn, narima sapaparin baé!

Njahoer Abdoerahman: Kijĕ ajĕna baroedak, top ijě doewit, saratoes pasmat séwang, los njaraba ka Měsir, ngadji élmoe noe mangpaat ka awak, doenja ahérat. Sěrta diadjar pagawéjan, kěr néjangan kahiroepan! Walon poetra-poetra na: Soemangga sĕdja lěmpang ka nagara Měsir! Sěrta toeloej pasmatna di tarampa, saratoes séwang.

Lalampahan, para poetra kěr mangsa koekoempoelan kénéh: Bral opatanana arangkat, kaloewar ti nagara Sam, ngadjoeg-djoeg ka nagara Měsir badarat baé, hantě taroempak koeda atawa onta. Sapandjang djalan hantě ěrěn, malisaoer ramana, ngan Oemar Sanoesi anoe hantě miloe sassaoeran ngan ngadangoeken baé lantjĕk-lantjěkna ngaroepat ramana.