Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/191

Ieu kaca geus diuji baca
186
  1. Nabi ngawoeroek ka oemat-oematna,

    élmoe sihirtéh haram hoekoemna, ti bahěla datang ka ajěna,

    tě matak djadi moelja djadina.
  2. Saběnang-běnang koedoe singkahan, oelah rék résěp koekoesoemahan, anak intjoetéh koedoe pagahan, lĕwih hadé koeli njijar oepahan.
  3. Hoekoemna halal taja tjatjadna, sabab rědjěki ladang késangna, laoen-laoen djadi bĕngharna, lamoena lĕkĕn bisa něndĕna.
  4. Karana lamoen hésé ngalana, njakitoe děhi hésé bidjilna, tina karasa hésé tjapéna, tangtoe di itoeng oentoeng roegina.
  5. Hantě soesah pandjang tjarita, sadajana ogé gěs manggih njata, noe měnang waris poesaka harta, babari lĕngit sakitjĕp mata.

______________