Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/85

Ieu kaca geus diuji baca

80

Waloña hětib sepoeh: Hadé pisan, di kawoela baé saré, montong di masdjid. Toeloej ama di bawa ka boemina, sērta ama di soegoehan hadé-hadé, koemaha adat ka sémah; tatapi pikir ama ham-ham kénéh baé, palangsijang tjara noe tadi téja ratoe hijanat; ari gěs bada isa, sanggěs barang dabar berdjamaäh djěng mantěña, ama ngahoelēng baé, mikiran katiwasan diri; hětib sepoeh mariksa ka ama: Hé anak andika kawas noe ngandoeng kasoesah gědé, tjik waktjakěn ka koela, soegan kawoela bisa noeloeng!

Tidinja ama toeloej njarita pandjang ti barang indit ti Sam něpi ka mondok di lēmboer téja; sapandjang ama tjatjarita, éta hětib sěpoeh ngarěgěpkēn katjida; dina lěbah nalangsa miloe nalangsa, dina lebah boengah miloe boeñgah, soemawoña éta dina lěbah ama tikoentjloeng tina kapal, basa moelang ti nagara Tjina téja, datang ka pěrěm, nja kitoe děhi boeñgahna, lēbah ama gěs di bandjatkěn koe Séh Abdoerahim, djěng dina lěbah di lepaskěn, hantě toeloes di hoekoem, lěbah dinja datang ka ngadoa moedji sorkoer ka Pangéran, sěrta njotjoh-njotjoh djělēma toekang élmoè sihir noe soemakti, di