Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/87

Ieu kaca can diuji baca

82

paehan koe Abdoerahim; tjarita ama barang něpi ka di anglès nitipkěn doewit koe oerang lemboer teja, hětib sěpoeh ngarandjoeg, pokna: Masa Alah naha si Abdoelkarim datang ka tjoetjoedna kagoréngañana? Toeloej hệtib sěpoeh njarita ka ama: Eta djělěma noe di pondokan koe andika téh, ngaraña Abdoelkarim, gěs rěměn kitoena, malah kawoela pribadi ěnggěs di patjikěh koe éta; ari djėlėmana njolong badé, boedi tjara santri, oelat tjara pandita, ari lampah ěwah-ěwah! Děmi ajěna pirěmpoeg kawoela mah, hajoe oerang prakarakěn baé! měngpěng di dijě aja ménak ti nagara, poetra kangdjěng Radja, ngarsakěn ngadjadjah boemi, mariksa kasoesahan nja tjara kijě noe di noe laletik; tjéangan téh. Ari soempingna ti nagara tadi pisan, bédjana bakal měnang lima wěngi di dijěna, mangké soré hajoe oerang ngaděhěsan ka Radja anom.

Wangsoejan ama: Soemangga, soekoer pisan! aja pitoeloeng toewan hětib sakitoe!

Ari soré, sabada salat asar, toeloej ama djèng toewan hětib sẽpoeh ngaděhěs, sērta éta Radja anom Mésir gěs oeniñgaěn