Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/95

Ieu kaca geus diuji baca
90

Ijě toewan kampoeh sarĕng minjak, masing ngěnah nja saré! Minjak sarěng simboet di tampi, toeloej abdi ngěděng, nanging hantě oedjoed-oedjoed héés; njilěk baé, mikiran kasaéjan priboemi, tjiptaning ati ijě priboemi téh, niron-niron Ibrahim hatam thaja, hadé ka sémah. Děmi soeboeh-soeboeh abdi hoedang, salat soeboeh; bada salat dangdan, tě lila djěboel děhi soegoeh tji kopi, lalawoehna roti, mantéga, martabak djěng madoe. Toeloej abdi ngopi, sanggěs ngopi, pamitan bari něda titipan téja. Priboemi nitah boedakna njokot kĕpék; tě lila datang di sĕrahkĕn ka abdi éta kĕpék, ari di boeka ngen woengkoel papakéjan baé, hantě aja doewitna; tidinja mimiti aja pikir rémpan, pok di taroskĕn koe abdi: Toewan mana ari oewangna Wangsoelna: baroek oewang! Tjatoer abdi: ěnja oewang ěmas, anoe dina kantong koelit téja, réjana itoengan salaksa pasmat! Priboemi téh ho-okĕn sěmoe kagét, pokna: Bowa sampéjan goendam, atawa owah akal, njaoerkěn titip oewang ěmas salaksa pasmat! Tidinja toeloej baé abdi indit, hantě sasalaman-salaman atjan, tina koe bawaning bingoeng kamana nja ngoengsi, ka saha nja něda toeloeng di pang-měnangkĕn děhi éta oewang.