Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/97

Ieu kaca geus diuji baca
92

Děmi ajěna sakabéh-kabéh, djisim koering njoehoenkěn kaadilan gamparan! Timbaian Radja anom: masa Alah, éta mah lain prakara lĕlĕtikan, kaběněran ogé, aja kawoela datang kadijě, soegan baé bisa menangkěn inja! Pintěrna sĕrta adilna Radja anom gantjang baé ngamanah piakaiĕnnana, soepaja kaboeka djoeligna si Abdoelkarim. Ladjĕng Radja anom ngalahir: Hé askar manéh lĕmpang ka lěmboer Abdoelkarim, si Abdoelkarim di saoer masing kĕntjĕng, koedoe ka iringkĕn koe manéh! Askar toempak koeda di loempatkĕn, hantě sabraha lilana datang si Abdoelkarim, di iringkĕn koe askar, těgěsna kapětěngan; Abdoelkarim oelatna pijas sĕrta ngadégdég. Toeloej njěmbah bari njanggakěn bakti 2 pasang ali intěn, kira harga 300 pasmat; harita mah koe Radja anom di tjandak baé, ladjeng Radja a nom miwarang tjarita ka ama. Toeloej ama tjarita, ti barang gok papanggih di djalan, něpi ka indit, sěrta di anglĕs titipan; barang gĕs tamat oendjoekan ama, Radja anom mariksa ka Abdoelkarim,