Kaca:Carita Abdurahman jĕng Abdurahim.pdf/99

Ieu kaca geus diuji baca
94

lahir na: Tah kitoe Abdoelkarim, tjarita Abdoerahman kadéngé koe manéh, sĕrta koemaha tĕroes? Walon Abdoelkarim: Soemoehoen kakoeping pisan, nanging djisim abdi, soemawona katitipan oewang ěmas, papanggih ogé, kakara ajěna pisan di pajoenan gamparan; pangintěn djisim koering, éta djĕlĕma goendam atawa owah akalna. Radja anom měsĕm, ngadangoe walonan Abdoelkarim sakitoe, sĕrta lahirna: Aja ogé těroesna djěng Abdoerahman saĕtik, nĕrĕka Abdoerahman goendam atawa owah akal. Ladjeng Radja anom miwarang noelis ka Abdoelkarim, di sodoran kĕrtas djĕng kalam sĕrta lahirna: Hé Abdoelkarim toeroetkén omong kami, kijě pokna manéh nja noelis: ajěna pamadjikan, éta prakara kantong koelit, noe di ěsi oewang ĕmas téja, titipan sémah noe mondok pěting kamari, ajěna bahankěn ka ijě piwarangan Radja anoin, karana aing gěs wěīéh ngawaktjakěn dosa, tỉna katrangan aing bakal mĕnang timbangan ogé. Tah kitoe manéh nja noelis! Abdoelkarim mogog baé, pioendjoekna: Goesti éta timbalan Goesti sakitoe, langkoeng