Ieu kaca geus divalidasi
107

Kurupati, rěmpěg sapangiringna, nudju guněza tjatur, tah eta pandita Dorna, heug ku hiděp pěrgasa satengah mati, bongan pandita tjidra."

Bima kaget ngadangu pilahir, salirana dugi ka ngarendjag, ka Dewarutji pok naros: ,,Engke bisi kaliru, kula nanja dumeh teu ngarti, pangdenge tjeuli kula, Dorna teh digěbug, satengah paeh pěrgasa, naha běněr kitu omong ejang tadi, naha ejang teu salah.

Ejang oge tangtu terang sidik, jen Dorna teh njata guru kula, mangkaning tjarek papagon, mungguh murid ka guru, kudu ngesto lahir djeung batin, alahbatan ka bapa, sumawon ngagěbug, nambalang oge teu meunang, kula sieun kaběndon ku Maha Sutji, upama njiksa Dorna."

Njeuleukeuteuk Maha Dewarutji: ,,Deudeuh hiděp Bima putu ejang, ku hidep mangka kahartos, urang ngahormat guru, memang běněr teu salah deui, tapi palěbah Dorna, nu kudu dihukum, lain ,,kaguruanana", hukum soteh sipatna nu djail děngki, bongan djahat hianat.

Djalma djahat memangna geus misti, kudu meunang hukum sapantěsna, nadjan guru