Ieu kaca geus divalidasi
124

Taja lěpatna saeutik, nu jaktos mah wungkul njaah, ¹) sasatna ngawowoj ngogo, nja kitu ka Judistira, Nakula djeung Sadewa, lima saderek ngariung, ngaluuhan Sang Pandita.

Njah beunta Dorna teh eling, Bima brěk děku tjakětna, bari njaur tur haroshos: „Paman ieu kula Bima, rek menta dihapura, dumeh nanganan ka guru, teu pindo gawe kula mah.

Ngan darma mětakeun adil, ngahukum soteh djahatna." Dorna ngadjawab harewos: „Hiděp dihampura pisan, paman tarima salah. muga agung tjukup lumur, paman menta dihampura."

Guru sinarěngan murid, geus sami silih hampura, itu-ieu punah kabeh, dasar sami prawirana, ladjěng Pandita Dorna, ku Bima těras dipangku, dialihkeun ka bumina.

Dipasrahkeun ka Karpini, nja eta garwa pandita, urang enggalkeun tjarios, Baladewa Sujudana, Karna djeung Aswatama, nu geus eling humaregung, ti Sokalima barudal.


¹) Aos „Mahabarata".