Ieu kaca geus divalidasi
51

Kapungkur teh disanggěmkeun jen di gunung, sajaktosna lepat, kawantos paman geus kolot, sok limpeuran geus pikun rea pohona.

Ajeuna mah ku paman oge kaemut, jen tjai Pawitra, těmpatna anu sajaktos, tengah-tengah pisan Lawanasagara.

Tégěsna teh di ditu di puseur laut, sidik moal lepat, tjai teh pasti kasondong, rupina ge bentěn ti tjai sagara.

Hěnteu sami sareng tjilaut nu umum, malah djiga misah, gampil katawis da geseh, mangga tjandak pasti hasil moal gagal.

Mung saratna ngabudjěngna teh ka laut, ulah tumpak kapal, parahu rakit ge montong, kitu deui nangkeup barang anu ngambang.

Nu kenging teh mung ngodjaj djeung teuleum wungkul, tah eta saratna, supados pareng kalakon. hasil tulus ngamilik tjai Pawitra."

Gěrěm-gěrěm Bima ka Sang Wiku njaur: „Engke heula paman, ku kula tatjan kahartos, lamun ngodjaj naha kula bakal kuat.