Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/85

Ieu kaca geus divalidasi
83

omonganana noe teu kaharli, koe baroedak sok disoerahan.

Sanggeus beres noe barangbeuli, barang-barang dagangan geus dientepkeun, sĕngke teh teu gantjang indit deui, tjapeeun keneh, kawasna. Bari ngaso, pok sĕngke teh njarita, kieu tjĕnah: „Di kota ala pasal malĕm. Banjak olang nonton sana. Olang bilang, ala balon besok.”

Di antara baroedak anoe ngaroeboeng, noe pangdeukeutna ka eta sĕngke, nja eta Oesman. Pok sĕngke teh nanja ka Oesman: „Balani loe toenggang balon?”

Dasar Oesman boedak kĕndĕl, ngadjawabna sĕmoe anoe sĕnang pisan, pokna: „Teu wani koe naon, ĕntjek!”

Saĕnjana Oesman teh tatjan njahoeun di balon. Kakara njahoeun soteh kapal oedara, da sok mindĕng aja kapal oedara noe ngaliwat ka loehoereun imahna.