Ieu kaca geus divalidasi

Indung-bapa ngadudu'a beurang-peuting,
sing gede darajat,
anak pinanggih jeung mukti,
teu nyorang lara-balangsak.

Bukti maneh geuning pareng aya milik,
berkah indung-bapa,
ahir-ahir dipilain,
era ngangken bapa hina.

Aduh Gusti nu sipat rahman jeung rahim,
neda pangampura,
kalepatan anak abdi,
mugi sing waras pikirna."

 "Enggeus repeh, era ku deungeun-deungeun bisi ngadeugdeug, keun sugan engke aya ilham ti Pangeran jadi babalik pikir, ulah weleh ngadudu'a bae," cek Pa Sukri.
 Pamajikanana repeh ceurikna bari nyusutan cipanon, pok manehna ngomong. "Enya sugan katarik ku kabageuran pamaikanana."
 Geus kitu Pa Sukri jeung pamajikanana brak dalahar. Pa Sukri mah daharna bari nyaritakeun kabageuranana Jurutulis Camat anu babarengan tea.
 Eta haji nu diangken rama ku Sumarja teh uana (lanceuk Pa Sukri), cicingna di desa Cipicung bawahan onderdistrik Sukamantri keneh.
 Di desa eta mah kaitung pangbeungharna, lega sawah, lega kebon, gede imah, buncir leuit.
 Ari pang beungharna kitu teh, lain warisan ti karuhun, datadina mah cara Pa Sukri bae pada walurat; ieu mah estu beunang itikurihna pribadi bae.
 Samemehna jadi haji, ngaranna Marjani, pakasabanana jadi jongos tuan kontrak.
 Tina bisa kumawulana, ku tuan kacida dipikanyaahna, jaba ti dipaparin gajih anu ditangtukeun saban bulan teh, sok meunang peresen deuih, sumawonna ari lungsuran panganggo mah.
 Ari pamajikanana dipetakeun kana ngawarung sangu sarta make nyadiakeun tempat pikeun pamondokan semah.
 Manehna sajaba ti kajojo ku urang kontrakan teh, jeung kajojo ku jalma-jalma anu daragang wara-wiri deui, tina warungna beresih tur nu bogana jalma some ah darehdeh matak pikaresepeun nu ngarereb.

23