Ieu kaca geus divalidasi

7. PANUTUP

 Panonpoe tunggang gunung, langit lenglang taya pihujaneun, barudak eak-eakan maen galah di buruan.

 Den Jurutulis Camat Tanjungkerta harita keur calik di payun kadua Bapa Lebe pareman, anu ku anjeunna dipirama, dipisepuh, keur gunem catur bari ningalikeun barudak ulin.

 Den Jurutulis Camat geus lila dududaanana, tina teu acan aya nu cocog jeung manahna, inggis cara ka tukang-tukang pinanggih jeung kateu-lulusan.

 Ayeuna anjeunna aya jorojoy mikapalay ka Nyi Sutirah, anak Haji Karim tea, tapi teu gurunggusuh, dimanah dibulak-balik. Sanggeus gilig manahna, tuluy nyaur bapa Lebe pareman, bade barempag perkawis nanyaan.

 Saurna, ”Eta kinten-kintenanna bapa Lebe, baris pihasileun?”

 Bapa Lebe, ”Ku emutan bapa mah asa piraku kana teu hasil teh, margi sepuhna mah parantos katoong pilonggareunana, mung kantun kumaha jinisna bae, manawi.”

 Jurutulis Camat, ”Dupi jinisna mah parantos nyebat teu aya pambengan.”

 Dina lebah anjeunna nyebat teu aya pambengan, teu kira-kira kagetna dumeh ti dapur aya nu ngalelewe; teu aya pambengan, sorana terang pisan.

 Gancang anjeunna lumpat ka dapur, ana beh teh ........ hariweus-weus.

 Pribumi, ”Naha ieu abdi teh ngimpi kitu?”

 Tamu, ”Manawi.”

 Pribumi, ”Eta bae ku teu aya wartos ti tadina aceuk bade sumping. Lah! waas ceuk, abdi mah asa di Garut ari tepang jeung aceuk teh. Eh ketah, ayeuna aceuk teh sanes jadi urang Banjar?”

 Tamu, ”Yaktos aceuk oge waas, tepang jeung ayi teh.”

 Pribumi, ”Di mana ari engkang ceuk?”

 Tamu, ”'Di ua Haji, di Cipicung.”

 Pribumi, ”'Baruk di Cipicung! Na iraha aceuk sumping teh?”

 Tamu, ”'Kamari aceuk dongkap tea mah ka Sukamantri, tapi geus burit, teu​​​ aya waktu pikeun nyimpang heula, nu matak ayeuna ngahaja ka dieu. Maksad mah hoyong nungkulan anu rendengan.”

 Pribumi, ”Ah, ulah waka geruh ceuk bisi ........ teu jadi.”

 Tamu, ”Ulah hamham, keun bae ayeuna ku aceuk ditampi.”

 Pribumi, ”Baku aceuk mah ana geus ngaheureuyan batur teh.”

38