Ieu kaca geus diuji baca
ngartoseun kana basa tatangga kampoengna.[1]
POERADIREDJA.
Aya samboenganana.
- ↑ Ieu anoe ditjarioskeun geus aya pokokna, diterangkeun dina boekoe karangan toean van Eerde Inleiding tot de Volkenkoende van Ned. Indie.
Red.
Wawatjan Siliwangi. |
(Samboengan Poesaka-Soenda No. 1)
Asmarandana.
- Doea panakawan ngiring,
Tandesan djeung Papagratang,
Radja Poetra nyaoer alon,
Nimbalan ka Tandesan,
Sia ayeuna miang,
Teang adi Radja Soenoe,
Adjakan ka Pangandaran. - Tadi rea boedak balik,
Batoerna oelin maroelang,
Pagar diboeboerak kabeh,
Reh eukeur ngintip titiran,
Koe sia geura papay,
Poma-poma sing katimoe,
Iringkeun ka Pangandaran. - Poen Tandesan nyembah amit,
Miangna ngemban timbalan,
Prok djeung Raden Patih amprok,
Mariksa mana djoeragan,
Tandesan nyembah oendjoekan,
Poetra parantos ti payoen
Moen ka doea Papagratang. - Abdi kedah moelang deui,
Ngilari Pamanahrasa,
Soesoempit ka leuweung ganggong,
Disaoer koe lenggah poetra,
Sing kabantoen ayeuna,
Lahir Raden Patih soekoer,
Adjakan kahade gagal. - Tandesan miang ngagidig,
Neangan ka tipar reuma,
Beh manggih saoerang kodompol,
eusi aki djoeroe hoema,
Koe oetoesan pok ditanya,
Soegan mendak radja Soenoe,
Ka saoerang nyimpang ngioehan. - Tembal aki aya tadi,
Tapi henteu koengsi lila,
Ngoedag manoek ka beh kaler,
Taroes poen Tandesan mapay,
Tandesan nyembah mioendjoek,
Goesti mangke heulaanan. - Kaget Den Poetra ningali,
Panakawan anoe dongkap,
Mamang arek aya naon,
Koela make disoesoelan,
Kawas noe aya pereloe?
Pioendjoekna poen Tandesan. - Mila abdi gadag-gidig,
Ngemban dawoeh kandjeng raka.
Rehing bade rame-rame,
Rek pesta di Pangandaran,
Leuwi Si Patahoenan,
Soekan-soekan bari moendjoeng,
Gamparan dihatoeranan. - Saling sanget raka asih,
Henteu kersa pisan anggang,
Ayeuna enggal diantos,
Koe raka di Pangandaran,
Radja Soenoe ngandika,
Koela mah teu niat miloe,
Mo moedja neang daradjat, - Teu goena didahar deui,
Da kaka noe pangsepoehna,
Koela mah leutik keneh,
Tangtoe oge djeung rama,
Moal salah moal boa,
Ka engkang ngadjoengdjoeng loenggoeh,
Teu koedoe moendjoeng moemoedja.
29