beunang ngaropea sautak-saeutik tina Panyungsi Basa. Ku lantaran masarakat geus barobah nu tadina kolonial jadi merdika, atuh basa Sunda perelu dibebenah deui supaya tetep miboga fungsi jadi wahana masarakatna anu geus jadi bagian nu integral ti Republik Indonesia merdika nu mibanda cita-cita demokratis karayatan.
Jadi eces yen lamun urang nyokot putusan ngeunaan masalah ieu, urang teh nyokot putusan politik, nya politik basa. Eta putusan baris aya mangpaatna lamun dirojong ku pamarentah, boh di pusat boh (pangpangna) di daerah, nepi ka buku anu disusun dumasar kana eta putusan teh digunakeun di sakola-sakola nu ngajarkeun basa Sunda. Bareto oge buku-buku anu ditulis ku D.K. Ardiwinata jeung R. Soeria di Radja teh "meunang restu” ti pejabat Departemen O.K. & W. (Pangajaran, Pendidikan jeung Peribadatan Hindia Walanda) sangkan dipake di sakola-sakola di sakuliah Tatar Sunda.
Kuring nganggap penting netepkeun sikep ngeunaan basa Sunda nu mana jeung nu kumaha anu rek diajarkeun ka murid-murid di sakola, sabada urang sapamadegan yen basa Sunda teh salah sahiji basa daerah "yang dipelihara oleh rakyatnya dengan baik-baik” kudu "dihormati dan dipelihara juga oleh Negara”. Cara anu kungsi ditepikeun (Ajip Rosidi 1983: 139-155), ngahormat jeung miara basa daerah teh henteu cukup ngan ku ngajadikeun eta basa jadi obyek studi atawa ngan saukur henteu ngalarang bae. Sabab sanajan urang geus sapamadegan ngeunaan pereluna ngajarkeun atawa ngagunakeun basa Sunda minangka basa panganteur di sakola nepi ka kelas tilu atawa opat, tapi lamun urang henteu gancang mutuskeun basa Sunda nu kumaha anu rek diajarkeun teh, atawa anu digunakeun minangka basa panganteur teh, henteu mustahil baris timbul kontroversi jeung cita-cita bangsa katut nagara cara anu geus dirumuskeun dina Pembukaan UUD 1945.
Tangtu ngabina jeung ngamekarkeun basa anu tepat, baris jadi dasar anu sehat pikeun ngabina jeung ngamekarkeun kabudayaan sacara umum. Ngingetkeun pentingna peranan basa Sunda minangka wahana kabudayaan Sunda, atuh ngaheulakeun nyokot putusan politik ngeunaan ngabina jeung ngamekarkeun basa Sunda teh jadi hal anu mutlak. Sedengkeun aspek-aspek kabudayaan nu sejenna kayaning kahirupan kaagamaan jeung kapercayaan, elmu pangaweruh jeung teknologi, kahirupan ekonomi jeung sosial, tanwande bakal ngaintegrasi kana eta aspek-aspek dina kabudayaan nasional, jadi henteu perelu aya usaha ngabina jeung ngamekarkeunana sacara husus. Ari aspek-aspek sajarah, kasenian jeung kasusastran, raket pisan patalina jeung aspek basa. Usaha ngabina jeung ngamekarkeun basa Sunda, baris sakaligus ngabina jeung ngamekarkeun kasusastran jeung kasenian sarta sajarah Sunda, pangpangna lamun eta usaha ngabina jeung ngamekarkeun basa teh dirojong ku kagiatan medalkeun buku-buku dina basa Sunda, nu eusina tangtu mangrupa karya sastra, buku-buku sa- jarah (kaasup babad-babad, riwayat-riwayat jeung sabangsana nu sipatna lokal) jeung buku-buku kasenian lianna (musik, ibing, teater jeung sajabana.)