hak nyarita ngoko sedeng nu rendah boga kawajiban nyarita kromo, dina basa Sunda mah teu kitu. Ngagunakeun basa kasar-lemes dina basa Sunda leuwih fleksibel. Upamana bae, lantaran tukang-kebon nu sok ngaberesihan buruan- buruan imah di kompleks wartawan leuwih kolot ti nu nulis, nu nulis ngagunakeun basa lemes, boh dina pilihan kecap boh dina lentong. Ka tukang nyemnprot hama, anu oge langganan urang kompleks wartawan, kuring ngagunakeun basa lemes tapi lentongna rada cohag, lantaran tukang kebon teh umurna saadieun nu nulis. Waktu kuring leutik, Ki Lanceuk biasa ngagunakeun basa cohag, sabalikna kuring ngagunakeun basa lemes. Sanggeus kuring dewasa, lanceuk jeung kuring pada-pada ngagunakeun basa lemes, silih-sopanan. Ana kitu, dina basa Sunda mah, undak usuk teh lain (ngan ukur) ekspresi status sosial, tapi oge mangrupa ekspresi status filial tina hiji masarakat nu komunal, masarakat duduluran jeung karayatan. Ngagunakeun basa lemes-kasar salawasna robah- robah, saluyu jeung pola-duduluran nu nyampak waktu nyarita.
Di sagigireun eta, pola-guna lemes-kasar teu salawasna mangrupa ekspresi sosial tapi oge mangrupa ekspresi psikis. Jadi, lernes-kasar teu salawasna mangrupa fenemen sosioli.nguistik, tapi oge fenomen psikolinguistik. Upamana dina situasi di handap. :
Indung: “Geura bobo, bageur,” Si budak, najan geus peuting, tetep bae ulin jeung heureuy.
Indung: ”Eh, disare-sare teh,” budak teh teu nurut bae.
Indung: “Geura molor siah!” bari gaplok bujur budak teh diteunggeul.
Teu arang lemes-kasar teh mangrupa ekspresi estetis, pangpangna dina milih kecap nu luyu, upamana dina salinan ayat Al-Our'an nu dimimitian ku:
Dawuh Pangeran, Muhammad, maneh .... jsb. Kecap maneh teu luyu, lan- taran teu nembongkeun yen Muhammad teh insan nu dipikasih. Leuwih luyu upama salinan teh kawas di handap ieu:
Dawuh Pangeran, Muhammad, hidep .... jsb.
Pola lemes-kasar kawas di luhur, tanwande moal dianggap mangrupa bagian tina basa komunikasi nu effisien pikeun kapentingan dagang jeung industri nu saluyu jeung basa-basa nasional-burjuasi. Basa Indonesia, anu oge mangrupa basa nasional, miboga sipat nu condong lugas; logis, teu pribadi, teu imeut kana situasi atawa status nu nyarita jeung nu diajak nyarita, boh sosial boh filial, jsb. Sipat- sipat ieu teh beda pisan jeung sipat basa Sunda, anu nonjol sipat filial-kumunalna.
Naha ku lantaran kitu basa Sunda teu demokratis?
Basa nu demokratis tinangtu basa nu teu aya sipat kumawasa, ngahina jeung nindes. Boh basa feodal boh nasional teu lesot tina ayana eta dua sipat. Sipat- sipat basa Sunda nu dieceskeun di luhur, tinangtu boga kasempetan jadi atawa dijadikeun basa nu demokratis, nya eta basa nu teu ngawilah-wilah masarakat jadi luhur-handap kawas basa feoda! atawa nganggap manusa salaku massa- impersonal kawas basa nasional. Urang Sunda teu kudu leutik hate dina ngamumule basana tur nyaluyukeun sipat-sipat basana nepi ka jadi leuwih demokratis. Justru kudu gede hate, lantaran saperti nu diramalkeun ku Alvin
39