STUDI KASUS UNDAK-USUK
BASA SUNDA
Pangrewong kana sabagian makalah
Ajip Rosidi
Ku: F. Djajasudarma Idat A
Undak-usuk basa Sunda teh ciri feodal atawa rasa sopan jeung
silih ajenan dina najeurkeun demokrasi?
SABAGIAN makalah Ajip Rosidi dina ”Seminar Kebudayaan Sunda” nyawalakeun undak-usuk jeung demokrasi dina sub-bab Basa Sunda. Ieu tulisan mangrupa studi kasus ngeunaan undak-usuk basa Sunda, minangka pangrewong pikeun masrakat basa Sunda dina barempug ngeunaan undak-usuk hususna, umumna dina ngaraksa jeung ngariksa basana.
Pasualan ngeunaan undak-usuk basa Sunda teh mangrupa pasualan anu terus-terusan disawalakeun, atawa pasualan nu "top" ceuk barudak ayeuna tea mah. Pasualan ieu teh beunang disebutkeun dimimitian ti taun 1943, mimiti medal undak-usuk citakan kahiji (Satjadibrata, 1943). Ti wangkid harita geus disebutkeun ayana dua golongan, nya eta golongan anu nyebutkeun teu kudu diayakeun undak-usuk, jeung golongan anu satuju undak-usuk ditarima dina basa Sunda ku lantaran geus jadi unsur basa Sunda, kalawan alesan yen bakat masarakat basa Sunda mah resep pisan silihadaban ku basa.
Taun 1950-an muncul deui pasualan ngeunaan undak-usuk teh, nya eta dina Kongres Basa Sunda (1952), jeung tulisan Dajat Hardjakusumah (1955). Malah, taun 1980-an pecenghul deui bae tulisan ngeunaan undak-usuk teh nya eta dina Mangle No. 722 (1980); ceramah Yuniarso Ridwan (1984); Ayatrohaedi (1982); Ajip Rosidi (1986). Yuniarso Ridwan nyebutkeun; ”Masih perlukah undak-usuk basa Sunda dalam zaman pembangunan sekarang ini?” Ayatrohaedi nyebutkeun yen undak usuk teh asalna ti.Jawa, jadi unsur basa Sunda dina abad ka-17 Masehi