KALEMESAN BUDI HENTEU DIUKUR KU UNDAK-USUK BASA
Ku: Ajip Rosidi
Dina "Koropak" MANGLE No. 1054, dimuat serat HIB Djajawigoena nu ngomentaran jawaban kuring ka anjeunna anu dimuat dina MANGLE No. 1051. Sanajan sim kuring geus jangji ka Redaksi MANGLE rek ngajawab sakabeh reaksi kana makalah kuring dina Seminar Kebudayaan Sunda nu diayakeun ku Proyek Sundanologi bulan Maret nk. — engke ari sakabeh reaksi tea geus dimuat dina MANGLE, tapi kuring nganggap pereki ngaheulakeun ngajawab surat Sdrk. HIB Djajawigoena tea, sabab henteu kawangwang kumaha merenahkeunana engke dina jawaban kuring.
Aya sawatara catetan anu karasa perelu ditepikeun sabada maca eta surat teh, nya eta:
1. Ngeunaan saha nu salah lamun barudak Sunda ayeuna arembungeun make basa Sunda ku lantaran sieuneun disalahkeun ngalarapkeunana undak-usuk basa, keun engke urang pedar sakalian dina ngajawab ”polemik”. Kitu deui kumaha hadena nyanghareupan eta kaayaan baris dipedar, insya Allah, dina waktuna.
2. Ngeunaan pamendak Sdrk. HIB Djajawigoena yen sarjana urang Sunda anu nyangking gelar naon bae oge tacan ”hatam.” ari basa Sundana henteu “sakumaha mistina nurutkeun palanggeran basa Sunda lulugu”, keun bae da eta mah sikepna pribadi anu subyektif pisan, tur moal aya matakna kana gelar anu dicangking ku urang Sunda nu mana bae oge sok sanajan nyaritana basa Sunda henteu nyumponan sarat nu diajukeun ku Sdrk. HIB Djajawigoena. Panghormat masarakat kana kasarjanaanana, kolom gajihna, waragad representasina jeung sabangsana insya Allah angger, moal kacoceng ku ayana anggapan subyektif Sdrk. HIB Djajawigoena, sanaos anjeunna ngaraos jadi ahli basa oge!
Cek sim kuring mah sikep ahli basa Sunda cara anu ditembongkeun ku Sdrk. HIB Djajawigoena moél aya tulungna pikeun memeres kaayaan pangajaran jeung digunakeunana basa Sunda kiwari ku urang Sunda. Jero-jerona mah sikep kitu
teh asup kana salah sahiji,.lamun lain adigang, tangtu adigung, atawa adi nu se-