Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/65

Ieu kaca geus divalidasi

manifestasi urang Sunda anu ”nyakola”, anu ”beschaafd”.

Hanjakal kuring henteu kungsi meunangkeun hasil panalungtikan Tini Kartini spk. ngeunaan Undak-usuk basa Sunda, jadi kuring henteu terang naon jeung kumaha hasilna. Sakaterang kuring mah nepi ka kiwari tacan aya hiji panalungtikan ngeunaan kumaha digunakeunana undak-usuk basa di masarakat, lain ngan di kota-kota bae, leuwih-leuwih: lain di Bandung bae, nepi ka urang saenyana mah henteu miboga gambaran anu tetela ngeunaan eta hal. Nu sidik, jaman keur resep apruk-aprukan ka pilemburan dina taun 1960-an, kuring boga kesan yen urang lembur mah rereana henteu ngagunakeun undak-usuk basa cara anu diajarkeun ku guru di sakola-sakola. Lain hartina urang lembur tara ngajenan nu sejen atawa henteu terang kumaha kuduna ngahormat ka nu sejen anu hormateun; kitu deui lain hartina urang lembur henteu miboga ”kalemesan budi.” Nu matak dina makalah kuring tea, kuring neundeun kecap ”kalemesan budi urang Sunda” dina hubungan undak-usuk basa, salilana di antara kekenteng!

Ari basa Sunda tea apan lain ngan kagungan urang kota bae, lain ngan kagungan para sarjana bae, lain ngan kagungan guru basa Sunda bae, lain ngan kagungan para ahli basa Sunda bae, tapi milik sakumna masarakat Sunda. Ari masarakat Sunda tea anu jumlahna geus leuwih ti 22 juta, rereana teh apan urang lembur; anu sakolana henteu cucud, henteu nepi ka universitas, henteu nepi ka sakola menengah-menengah acan! Dalah SD oge henteu kabeh nepi ka tamat.

Tangtu baris aya nu nyundul: Na matak naon, da ti baheula oge di mana bae oge nu nangtukeun politik mah, kaasup politik kabudayaan anu ngawengku politik basa, salilana oge kaum “elite”. Jadi merenah lamun ayeuna oge nu mikiran jeung nangtukeun poe hareup basa Sunda teh nya kaum ”elite” deuih.

Enya, ngan hadena mah dumasar kana orientasi ka balarea, nya rahayat murba sasatna. Lain ngan dumasar kana pangalaman pribadina atawa pangalaman lingkungan jeung kaomna wungkul. Katangtuan politik, kaasup politik kabudayaan anu ngawengku politik basa deuih, komo di alam demokrasi mah, leuwih hade dumasar kana kanyataan-kanyataan anu aya di masarakat, sangkan bisa katarima ku balarea. Katangtuan anu elitis, anu henteu merhatikeun kanyataan-kanyataan jeung kahayang anu nyampak di balarea, tangtu baris merelukeun tunjel anu rohaka, anu hasilna teh deuih tacan tangtu nyugemakeun.

Dina palebah urusan basa Sunda, pangpangna anu aya patalina jeung undak- usuk basa, hadena mah dumasar kana hasil panalungtikan anu obyektif di kalangan masarakat anu ngagunakeun basa Sunda, kaasup — malah pangpangna — urang pilemburan.

Undak usuk basa

"Undak-usuk" cek KAMUS UMUM BASA SUNDA (1976) mah: 1. panta-panta: undak-usuk basa Sunda: panta-panta basa saperti basa cohag, basa loma, basa sedeng, basa lemes jste. 2. tatakrama, kasopanan: teu make undak-usuk, teu make tatakrama”.

Ari cek KAMUS BASA SUNDA (1954) susunan R. Satjadibrata mah, undak-usuk teh: "undak-undak kawas usuk (henteu sarua luhurna); teu nyaho di undak-

65