Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/335

Ieu kaca geus diuji baca
  1. Jeung ieu ucap-ucapan, lain heureuy karesepan, lamun leukeun ngalantipan, hasilna antep-antepan.

  2. Ya Alloh anu Kawasa, nu maparin ni'mat rosa, mugi ieu paribasa, nyangsang 'na ati manusa.

  3. Baeu bangkeut nu saranten, nu mahal ti batan inten, darangukeun ku maranten, pitutur hasil teu kinten.

  4. Hiap ka dieu istrina, urang wuruk pangheulana, Nyai sing hade nampana, piwuruk alap eusina.

  5. Mun kasumpingan tatamu, sing singer ulah kumumu, nulak wiwirang sing timu, ambeh caroge teu nyemu.

  6. Elingkeun masing ngalemah, mun caroge teu di imah, ulah rek nyaba percumah, pelesir seug ngadon nyemah.

  7. Jeung mun rek angkat-angkatan, masing beres nya pamitan, kade ulah sosobatan, jeung istri lenger bengbatan.

  8. Tatapi di panyabaan, ulah ngeunah kalilaan, liwat tina pasejaan, bisi manggih pacelaan.

  9. Lamun arek barang bikeun, anu patut diragemkeun, kade ulah disidemkeun, memeh sok kudu bejakeun.

  10. Ambeh ku nu diberena, dialuskeun duanana, salaki ngeunah manahna, malik ka Nyai asihna.

  11. Geus tamat muruk istrina, hiap kari pamegetna, ujang poma sing nyantana, daerehdeh hade budina.

  12. Ka bojo masing prayoga, ulah sok nyiar cecega, ulah nyapirakeun harga, awewe moal kaduga.

  13. Nyaeta kudu nykakeun, ulah kumaki ngepeskeun, ngahuap jeung nyapirakeun, sok matak malik nyusahkeun.

  14. Bangsa anu leuleutikan, lamun boga mimilikan, terangkeun ka pamajikan, ulah salingkuh tiktikan.
326