Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/10

Ieu kaca geus divalidasi

 Nyi Wari nganjang ka Nyi Caput barang datang kasampak Nyi Caput eukeur ngadeker bae dahar omongna, ”Nyi mangga urang dahar.”

Wari: ”Mangga lajengkeun parantos.”
Caput: ”Moal sae, mangga, da lain ajak jawa.


6 ALUS PANGGUNG

Harina = hade laur (hade tangtung)

 Jayaraksa ngomong ka Mutahab pokna, ”Tahab naha dewek resep-resep teuing nenjo dedegan Ki Daeng, geura ana geus make, komo beuki semu bae.”

 Mutahab: ”Sarerea oge nya kitu, tapi hanjakal ku teu berek naon-naon, sumawonna cara batur bisa nyieun imah, bisa dagang, bisa tani ieu mah teu bisa nyieun pitali-talieun acan, ngan alus panggung wungkul.


ATAWA

 ”Ajip keur naon silaing miara domba kecing, miara niah nu teuneung,” ceuk Aman.

 Wangsulna: ”Keun bae kecing-kecing oge ieu ngarah alus panggung.”


7 BABALIK PIKIR

Hartina = tina teu bageur (goreng) los kana bageur

 Japing jelema bangor sok daek lacur ngadu, jeung barangasan goreng adat, ka dulur ka indung teh euweuh pisan sarehna, lamun adina boga dosa, tara aya hampurana, geus puguh ka dulur kitu, najan ka indungna lamun manehna ngambek tuluy dicarekan bae lamun dilawan ku indungna neunggeul-neunggeul nemen, tapi sanggeus bapana maot, Japing bageur kacida, teu daek lacur, teu ngadu ka indung nurut jeung ngahormat, ka dulur nyaah tina ngingetkeun geus euweuh bapa.

10