Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/11

Ieu kaca geus divalidasi

 Aki Sarjin nanya ka Ambu Japing pokna, ”Kumaha ayeuna lampahna Japing aya euih-euihna, pedah geus euweuh bapa?”

 Wangsulna: ”Aya berkah emang, ayeuna mah ka indung ngagugu ka dulur nyaah.

 Aki Sarjin: ”Sukur ari geus babalik pikir mah.


8 BALA KAHIRASAN (HEURAS AWAK)

Hartina = tara beunang dititah

 Gero! gero! Nyi Minoh ngageroan Si Amin anak tatanggana, pokna, ”Amin! Amin! ka dieu sakeudeung, ieu pangmeulikeun seureuh aing hayang nyeupah.”

 Wangsulna: ”Ah alim nyeri suku.”

 Minoh: ”Ari teu daek ka warung mah ieu bae pangnungguankeun seuneu moal lila.”

 Amin: ”Ah alim,” bari tuluy indit.

 Teu lila jol Si Tapen bari ngomong pokna, ”Eteh kuring bae meuli seureuh dan Si Amin mah anggur tuluy duka rek ka mana.”

 Minoh: ”Heug ujang atuh sukur puguh eteh teh teu boga batur, nya kitu asep ari jadi jelema ulah sok b ala kahirasan (ulah sok heuras awak) ambeh loba nu resep.”


9 BOBOR SAPANON CARANG SAPAKAN

Hartina = kacilakaan atawa kasusahan

 Aki Jarim ngawuruk (mapatahan) ka incuna pokna, ”Encim! maneh meungpeung Budak keneh sing nurut kana papatah kolot, da ari geus gede mah lamun dipapatahan sok hese nurutna, sabab ari budak teh, deuleu diupamakeun tangkal kai nu leutik keneh, lamun diperah-diperuh gampang keneh, jadi atina leuleus keneh, lamun tangkal kai geus gede, hese diperah-diperuhna, lamun dipaksa tangtu potong, kitu deui jelema lamun geus kolot sok heuras atina, lamun geus lumpat kana kajahatan hese magahanana, lamun dikerasan sok ngalawan.

11