Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/12

Ieu kaca geus divalidasi

Ayeuna maneh sing tengtrem nya diajar, jeung kudu boga sobat, hiji kudu nyobat jeung nu pinter, dua jeung nu tani, tilu jeung nu beunghar, opat jeung menak.

Ari nyobat jeung nu pinter maneh bisa mulungan kapinteran, nyobat jeung nu tani bisa nurutan hal tatanen, nyobat jeung menak bangsa luhur, bisa tindak-tanduk budi basa.”

Encim: ”Ari nyobat jeung nu beunghar ambeh naon aki?”

Aki Jarim: ”Ari nyobat jeung nu beunghar, nya-eta bisi kumaha onam bae bobor sapanon carang sapakan, nya eta bisi dulur paeh, urang keur teu boga duit, atawa rek beubeulian duitna kurang, aya nu nulungan.”


10BOBOR KARAHAYUAN

Hartina = cilaka geus ical tina kasalemetan

Si Bagak geus heubeul jadina tukang tipu jeung sok daek ngarawatan barang serong, tapi salamet bae.

Dina hiji mangsa manehna indit leumpang ka Surabaya, sanggeus meunang sapuluh poe, jol deui datang, kakara lima poe datangna ti Surabaya, jebul bae pulisi ngarahrah ka imah Si Bagak malah kabuktian, hiji geulang emas, hiji kurabu, harga sarewu jeung panitih mata inten, harita keneh manehna dirante tuluy diabuskeun ka bui. Mitohana ngalayad ka imah Bagak, barang datang pok ngomong, ”Nyai! salaki maneh ayeuna geus dibui sabab kabuktian barang paling ti Surabaya, ayeuna maneh sing tawekal sing bisa ngurus barudak dan salaki maneh ayeuna geus bobor karahayuan.


11BULU AN BELUT JANGJANGAN ORAY

Hartina = nu moal-moal (moal kajadian)

Si Muhil ngomong ka Si Teggir pokna, ”Tegir cing urang tarapa di Gunung Gede.”

Tegir: ”Naha hayang naon make tapa?”

12