Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/13

Ieu kaca geus divalidasi

Muhil: ”Eta dewek nenjo Purabaya jeung Minantareja, Purabaya bisa ngapung, Minantareja bisa nerus bumi, eta tangtu pangbisana kitu, ceuk kolot sok tapa heula, jadi lamun urang bisa ngapung jeung nerus bumi gampang, resep urang nyabetan babat uran tiluhur atawa ngabetotan batur ti handap, musuh-musuh ku urang sieuneun.”

Tegir: ”Lah euy dewek teu ngarempugan niat silaing kitu aya oge lamun silaing tapa hayang padang ati, hayang katarima iman eta hade, nya meureun kajadian oge ari ieu mah hayang bisa ngapung jeung nerus bumi kudu geus buluan belut jangjangan oray meureun bisa.”


12DAGANG ONCOM RANCATAN EMAS

Hartina = nu diarah ngan saeutik make modal gede

Nyi Anggan ngawarung, nya eta dagang peuyeum sampeu cau, lalab, sambeleun, jeung suluh: ari beubeunanganana ngawarung dina sapoe ngan ukur meunang bati 20 sen atawa 15 sen.

Ari tempatna lalakon tujuh pal ti dayeuh ku sabab manehna cape pulanganting ka dayeuh, tuluy ngomong ka salakina, ”Akang coba ka ditu neangan dokar beulieun, sakalian bae jeung kudana, katut pakeanana, bejana Ki Untung nu rek ngajual teh.”

Ti dinya bral salakina indit nawar dokar ka Ki Untung, beunang sabregna tilu ratus sawidak kuda hiji.

Ayeuna Nyi Anggan geunah pikirna, unggal-unggal poe, dodokaran balanja ka dayeuh, meuli terong, lalab, cau suluh jeung sabangsana sakur nu singsarwa amba eta kabeh dimuatkeun kana dokar, di jero sabulan kudana geus kuru dokarna ruksak.

Hiji poe keur waktu Nyi Anggan ngangkatan suluh daun tina dokar, kapanggih ku uana nu kakara datang ti jauhna pokna, ”Ti mana Nyai mawa suluh daun dimuatkeun kana dokar?”

Wangsulna: ”Ti Pasar Ua mentas balanja.”

Ua: ”Sabrahaeun balanja teh?”

Anggan: ”Duka aya bae sarupiaeun mah.”

Ua: ”Naha sabraha batina dina sapoe.”

13