Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/15

Ieu kaca geus divalidasi

sihoreng ngumbara ka sejen nagara, ari balik manehna geus ginding mawa duit rea, sarta sadatang-datang nyieun imah alus meuli sawah kebon, miara sasatoan jeung geus loba kanyahona (pangabisa).

 Lurah desa eta nyaba ka district sejen, di dinya gok papanggih jeung barayana Alpan, ceuk barayana, ”Aeh! juragan lurah, iraha sumping, sareng kumaha Alpan masih keneh dagang cendol?”

 Lurah: ”Alpan ayeuna geus beunghar teu ngalieuk kaeuweuh geura anjangan, ayeuna mah jadi jelema pasagi.”

 Ceuk barayana, ”Sukur! Sukur!


14DIGELENG―CATANGKEUN (DIKERID PEUTIKEUN)

Hartina = dikerid kolot budak awewe lalaki

 Lurah dina tanggal 5 Hapit poe Jumaah geus nampa pamarentah ti nu Agung yen dina tanggal 8 bulan eta keneh pangagung bakal mariksa kebon kopi bawahanana. Lurah gugup kacida, geuwat nyalukan tua-tua jeung lebe, barang geus daratang ceuk lurah, ”Maneh geuwat ngindir ka kampung-kampung jelema-jelema kerib ka kebon kopi karana pangagung bakal ngaronda.”

 Jadi jelema-jelema sakalurahan eta digeleng-catangkeun (dikerid-peutikeun).


ATAWA

 Geus kejadian di Sumedang keur waktu rek mecak mariem jelema di kampung-kampung nu bakal kasorang ku eta pelor, disingkirkan ulah aya di lemburan digelengcatangkeun (dikerid-peutikeun)


15DIKUNGKUNG TEU DIAWUR DICANGCANG TEU DIPARABAN

Hartina = dipiara tapi teu diurus dahar pakena, lumbrahna di awewe anu keur ditambang

15