Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/16

Ieu kaca geus divalidasi

 Nyi Sajem dina poe Jumaah paséa rosa jeung salakina nya eta Ki Delis, sabab Ki Delis timburuan katukang dawet lantaran Nyi Sajem sok seuseurian jeung tukang dawet tina geus conggahna.

 Ki Delis tuluy indit ti imahna teu balik-balik sarta teu mere balanja wates sabulan mah.

 Nyi Sajem teu naon-naon ngan wungkul susah, ari rek kuli-kuli keur baris hakaheun sieun salakina datang, ari teu kitu da euweuh nu mere (makayakeun).

 Sanggeus meunang tilu bulan Nyi Sajem tuluy ka Kaum, ngadeuheus ka Hakim pokna, ”Nun Juragan, kuring nyuhunkeun dipirak sareng pun Delis.”

 Hakim: ”Naha ku naon menta dipirak?”

 Sajem: ”Pang jisim kuring nyuhunkeun dipirak, nargi prantos tilu bulan teu diurus hakan pake, malah teu datang-datang acàn ka rorompok, jadi jisim kuring sagala pugag, rek balang siar ka mana-mana da aya keneh nu wajib, nya eta buktina Ki Delis, ari ku manehna teu diurus, jadi sarupa kieu mah jisim kuring teh dikungkung teu diawur dicangcang teu diparaban.


16DIBEJER-BEASKEUN

Hartina = ditetelakeun diterangkeun jeung buktina

 Nyi Mahya nitah bujangna ngaran si Asmah pokna, ”Tah Asmah duit saperak bawa ka pasar, meuli. beas 4 ketip; tamusu satalen, daging 20 sen kurupuk 10 sen jeung meuli kopi 5 sen.”

 Asmah: ”Juragan sakali deui kuring hilap.”

 Nyi Mahya pok deui nataan saperti tadi.

 Asmah: ”Naha juragan asa langkung ti saperak?”

 Mahya: ”Teu umum, geura cokot juh duit leutik jeung receh dina wadah seupaheun.”

 Tuluy si Asmah nyokot, barang geus dicokot, ceuk Nyi Mahya, ”Tah ieu duit ditukeuran sarupia; tah ieu talen hiji, ketip hiji, peser sapuluh keur kana beas.

Ieu talen hiji keur kana tamusu.
ketip dua daging
benggol opat kerupuk
16