Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/17

Ieu kaca geus divalidasi

 Ieu sen lima keur kana kopi.

Ayeuna tenjo talenna tah 2

ketipna aya 3
benggolna 4
senna 5
peserna 10

 Cing itung jejeg saperak.”

 Si Asmah tuluy milang, sarta sanggeusna pok ngomong, ”Sumuhun geuning jejeg.”

 Mahya: Ayeuna jig atuh geura ka pasar, sia mah kudu dibejerbeaskeun bae.”


17 DULANG TINANDE

Hartina = awewe nurutkeun pangajak lalaki

 Nyi Simah geus heubeul lalangganan jeung Ki Ijom, dina hiji waktu Ki Ijom nanyakeun ka ambu Simah pokna, ”Ema iraha waktuna nu alus, kuring arek kawin teh?”

 Ambu Simah ngawolan pokna, ”Hih ujang eta mah kuma ujang bae, ema teu bisa nangtukeun iraha-irahana, ari awewe mah dulang tinade, kumaha pangajak lalaki bae.”


18DEUGDEUG-TANJEURAN

Hartina = jadi deudeugan tongtonan

 Akio budak rea pangabisan, lamun nyaba ka sobat-sobatna sok ngabijilkeun pangabisana kayaning: ngagambang atawa nyuling, sulap, tembang atawa carita.

 Hiji mangsa manehna nganjang ka Sarip sobatna di dinya aya gambang tuluy manehna ngomong, pokna, ”Rip! mana panakolna?”

 Sarip: ”Tah di jerona.”

 Tuluy dicokot sarta prak ngagambang, bisa kacida ngagambangna, datang ka rabul jelema narenjokeun nu ngagambang, malah nu keur ngaliwat oge areureun, nenjokun, ngagambang.

17