Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/18

Ieu kaca geus divalidasi

 Ambu Ismat nanyakeun ka Sarip pokna "Sarip budak saha eta teh bisa-bisa teuing ngagambang, sarta loba nu resep."

 Wangsulna: "Sobat kuring, puguh ge eta mah budak jadi deugdeug tanjeuran bae di mana-mana teh."

ATAWA

 Si Janggel budak gede ambek lamun manehna pareng ngambek di mana bae, tuluy gogoleran bari ceurik, tara beunang diupahan, atawa lamun geus ngambek sok nyosoek papakeanana.

 Dina poe Kemis indit jeung dulurna ka pasar, barang datang ka pasar, manehna menta duit ka dulurna keur meuli rujak tapi ku dulurna teu dibere.

 Si Janggel ngahunted teu daek maju, diajak maju teu daekeun, anggur tuluy ngajewengan bajuna, calanana jeung totopongna.

 Jelema-jelema nu aya di pasar ronghok narenjokeun aya budak kitu adatna.

 Carek dulurna, "Naha sia Janggel di mana-mana teh ngan jadi deugdeug tanjeuran bae, nam ka ditu balik," bari di paksa.

19ELMU SAPI

Hartina = Samiuk kana kagorengan

 Si Melom urang Cibogo ulin ka Si Jarpi urang lembur Ciwaru, di pangulinan eta dua budak pasea lantaran parebut jangkrik, Si Jarpi dikusrukeun kana sisi pager leungeuna datang ka misalah, geuwat balik bebeja ka indung bapana.

 Bapana panas ati, tuluy si Melom dipentog, tapi cilaka sabab ngajadikeun pasea kolot pada kolot.

 Bapa Melom kacida ambekna sanggeus bapa Jarpi balik tuluy ngabadamian batur-baturna salembur eta, yen di mana bae atawa saha bae nu papanggih jeung bapa Jarpi kudu raponan bae.

 Heuleut dua tilu poe bapa Jarpi gok di pasar papanggih jeung bapa Ula urang lembur Cibogo ceuk bapah Jarpi, "Meuli naon pa Ula?"

 Pa Ula teu nembal jamedud bae semu ngewa. Teu lila prok deui

18