Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/19

Ieu kaca geus divalidasi

 jeung Nyi Irim urang lembur Cibogo keneh, ceuk bapa Jarpi, "Nyi Irim jeung saha ka pasar?" Jeung bieu aya pa Ula ditanya ku kuring bet teu nembalan, naon?"

 Nyi Irim oge teu nembalan bari semu ijid.

 Ti dinya balik, barang datang ka imahna bapa Jarpi ngomong ka Lebe, pokna, "Kuring heran ku urang Cibogo ari pasea jeung bapa Melom, tapi anu ngarewaeun ka kuring bet kawasna kabeh sakur urang lembur eta.

 Lebe: "Wah! tangtu kitu kuring mah geus nyano, adatna urang dinya mah elmuna elmu sampi."

 Bapa Jarpi hookeun tina kakara nyaho.


20GENTEL-KEAK (DIGEGENTEL)

Hartina = dibabawa beurang peuting kana sagala rupa

 Hiji poe pulisi-pulisi ngariung badami neangan paling, nu tacan beunang, ari kateu-percayaanana pulisi-pulisí teh ka hiji jelema ngaranna si Jarom.

 Ceuk hiji pulisi, "He batur-batur ku sabab sangkaan urang ka Si Jarom, kumaha mulisina supaya meunang katrangan nu sidik, ka saha urang nya mulisi?"

 Ceuk nu saurang, "Hih ari kitu mah urang ngolo Si Damsin bae, euweuh deui nu pinerangkeuneun kalakuanana Si Jarom, sabab na di gentel keak teh beurang peuting Si eta."


21GELETUK BATUAN KECEBUR CAINA

Hartina = kumaha jadina bae (kumaha behna)

 Atang kapercayaan juragan Demang; hiji waktu disaur ku juraganana barang datang tuluy juragan Demang nyaur, saurna,

 "Atang aing deuk nyaba 5 poe cicing di dieu tungguan imah jeung pakarangan, poma maneh ulah ingkah najan ka jalan, karana loba pikamelangeun."

 Atang: "Sumuhun timbalan."

19