Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/20

Ieu kaca geus divalidasi

 Heuleut dua poe ti saentas Juragan jengkarna, Atang ka ambat perkara, tuluy disaur ku Hakim, mimitina disaur ku tua-tua, Atang teu indit tina ras dijangjian ku dunungan, geus kitu jol lebe. Atang cicing bae katiluna datang lurah.

 Ceuk lurah, "Atang naha maneh baha-baha teuing disaur teh, naha enya moal indit, jeung teu sieun diahirna."

 Atang: "Kuring moal indit samemeh sumping Juragan mah; masih dikieu-kieu oge, kumaha geletuk batuna kecebur caina bae."


22GEDE HULU (LUHUR KOKOPAN)

Hartina = luhur (adigung)

 Ujang Uhon adatnya luhur, lamun dina riungan campurna embung jeung bangsana hayangna teh jeung pangkat luhur bae, dina nayuban-nayuban lamun diigelkeun henteu pangheulana jamedud, dina riungan hajat hayang panggirangna, ka batur tara aya basa, sabab pikirna aing mah bangsa menak atawa leuwih pinter, jeung sajaba ti dinya.

 Ujang Arsim lanceukna ngelingan, pokna, "Uhon akang teu ngeunah tetenjoan, jeung dedengean; lamun maneh keur riungan batur-batur maneh sok tingtaroel bae jeung pada baturna bari rundat-rindat ka silaing, eta jadi tanda henteu cocogeun kana lampah silaing, jeung lamun akang keur pareng nyaba, euweuh deui nu diomongkeun teh ngan silaing, cing ayeuna mah, dina kumpulan-kumpulan sing daek campur jeung bangsa silaing, sarta omongan sing meujeuhna, kumaha mistina, montong nyarua-ruakeun maneh jeung bangsa luhur, sumawonna maneh mun nganggerkeun adat tangtu disebut gede hulu."


23GINDI PIKIR BELANG BAYAH

Hartina = goreng hate

 Nyi Siti hade hate, hade lampah, akuan sareseh someah ka semah amis budi handap asor; jeung Nyi Sakem nu goreng pisan

20