Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/21

Ieu kaca geus divalidasi

adat imahna padeukeut, nya sulit ati cegekan haseum budi tur tungi jeung goreng hate.

 Hiji poe Nyi Sakem ka Nyi Siti nganjang, nenjo geulang alus dina wadah seupaheun, sabot Nyi Siti ka cai geulang geuwat dicokot tuluy dikandung, ari nu boga geus datang, Nyi Sakem buru-buru amit balik.

 Barang Nyi Siti nyahoeun yen geulangna euweuh, boga sangka eta geulang dibawa ku semah bieu, tapi teu digeruhkeun.

 Lila-lila Nyi Siti pareng nganjang ka imah Nyi Sakem, tuluy ngaromong kumaha biasa, ari Nyi Siti geus balik pribumi leungiteun ali perak, sarta manehna geuwat nepungan Nyi Siti omongna sugal bari haseum budi, pokna, "Siti kami leungiteun ali, mana kitu oge ku maneh dipaling kadieukeun rek dipake."

 Nyi Siti susumpahan, tina teu rumaša, tapi teu digugu keukeuh bae nuding, bari trus harita dilaporkeun ka Hukum, tapi teu kajadijan naon-naon tina kurang trang.

 Sabalikna ti Hukum Nyi Siti diomongan ku indungna, pokna, "Nyai meugeus montong sok daek cacampuran jeung Sakem cumah jelema gindi pikir belang bayah."

24GOONG NABEUH MANEH

Hartina = ngagulkeun maneh (muji maneh)

 Ki Langsu ngomong ka lebe, pokna, "Kang lebe geus nyaho kuring bisa ngamasan, geura buatan kuring mah hade pisan lamun disaruakeun jeung bangsa Europa pahili."

 Lebe: "Na di mana silaing diajar?"

 Langsu: "Di bapa Ibak."

 Lebe: "Naha da bapa Ibak mah kamasan lumayan pisan, meureun muridna oge nya kitu."

 Langsu: "Hih atuh moal aya paribasa sirung ngaliwat tunggul, kuring mah tambah rajin jeung perceka da digawena jeung daek mikir, sumawonna pagawean ngamasan babari, kapan pagawean nu hese oge kuring mah tara lila, jojol mangarti bae, da kuring mah encer uteuk, geura pangabisa kuring mah: hiji bisa

21