Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/22

Ieu kaca geus divalidasi

ngamąsan, dua bisa ngaput jeung hadena, tilu bisa anyam-anyaman, beubeunanganana payu gancang lamun dijual, opat kana kaheureuyan saperti: mempo bisa, malah di dieu mah euweuh nu wani ka kuring, wah! pendekna euweuh nu kaliwat, naon bae kuring mah berkah bisa."

 Ti dinya Lebe tuluy ka imahna, barang datang manehna hariweusweus bebeja ka bapana, pokna, "Pa kutan ari Si Langsu jelema rea kanyahona, kuring mah kakara manggih jelema rapekan kitu."

 Ceuk bapana, "Hih montong kaget adatna si eta mah, salawasna sok goong nabeuh maneh hartina sok muji sorangan."

25GOONG SABA KARIA

Hartina = nu nyampeurkeun ka nu kariaan hayang dititah digawe teu karana diondang (maksudna hayang seubeuh barang hakan)

 Mastari geus nyieun balandongan sabab rek nyúnatan jeung ngawinkeun, sobat-sobatna geus rajol bae pada ngalayad jeung nyarambungan, kumaha biasana.

 Ari gerna kariaan teh dina poe Ahad, sarta dina poe Jumaah geus ngiderkeun ondangan.

 Tapi Mastari kaget, pedah sobat-sobat nu sejen tina poe Saptu geus rajol daratang, ari Muhani sobatna keneh bet euweuh tembong-tembong diarep-arep nepi ka poe Ahad tea bet euweuh bae.

 Sorena malem Senen Mastari datang ka imahna Muhani, barang datang pok ngomong, "Kang Muhani! naha ari akang bet teu aya mantuan digawe, ari sobat-sobat nu sejen mah daratang?"

 Muhani: "Hih euy ari batur mah diondang, da dewek mah henteu, kana papait saperti kana kapapatenan moal kungsi diondang, ari kana kariaan mah era, moal enya bae goong saba karia."

26GUNUNG TANPA TUTUGAN (SAGARA TANPA TEPI)

Hartina = euweuh tuntungna

22