Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/23

Ieu kaca geus divalidasi

 Ki Jaba datang ka Pa Wase, pokna, "Pa kuring nginjeum duit lima puluh perak, keur modal gula, sarta dibayar ku kuring genep puluh rupia dina jero opat bulan, jadi ninggang dina sabulan lima welas perak."

 Pa Wase: "Hade tapi ulah gajlig mangke ari butuh dibere deui."

 Barang geus beres tanda tanganana Ki Jaba balik, sabulan bener mayarna lima welas rupia, ka dua bulanna geus datang deui ka Wase, pokna, "Pa hutang teh tambah deui lima puluh rupia, sabab gula ayeuna keur payu naker kajeun tanda tanganna mah diganti deui bae, jadi ayeuna hutang kuring Rp 120 kurang Rp 15 jadi Rp 105. Eta nu sakitu baris ditungtut sabulan Rp 25 jeung ¼ na tina Rp 5 atawa Rp 26¼.

 Pa Wase: "Hade tapi kudu tigin mayarna."

 Ti dinya sok bae deui lima puluh rupia kakara dua bulan, geus jol deui Ki Jaba ka Pa Wase, pokna, Pa duit teh tambah deui Rp 50, kuring rek meuli sawah duitna kurang, kajeun tanda tanganna mah ganti deui bae, jadi hutang kuring dina tanda tangan nu diganti Rp 105 geus dibayar 2 x Rp 26¼ = Rp 52½, tinggal Rp105,-Rp 52½ = Rp 52½ deui, ayeuna tambah deui Rp 60, jadi Rp 112½ mayar dina sabulan Rp 28 1/8.

 Pa Wase: "Hade."

 Harita keneh ngageroan pamajikanana bari menta duit Rp 50. Ceuk pamajikanana, "Keur naon mentaan bae duit?"

 Pa Wase: "Ieu Ki Jaba nginjeum duit rek ngaganti deui tanda tangan."

 Ceuk pamajikanan, "Hayoh mun kitu mah euweuh tungtungna, ari kahayang kuring keun heula sina lunas, mangke gampang nginjeum deui, ieu mah gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi."


27GEUS CUMARITA

Hartina = Geus tawekal geus imah-imah sorangan

 Warju ti leuleutik digegentel bae ku bapana, diajak digawe kana manday, barang geus umur genep belas taun.

23