Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/24

Ieu kaca geus divalidasi

 Warju ngomong ka bapana, pokna, "Bapa kamari kuring papanggih jeung ua Bikah di pasar, saurna lamun di lembur ua aya nu manday tangtu payuna, ku margi eta upami aya idin bapa kuring rek manday di ditu bae da geus bisa manday ku maneh."

 Jawab bapana, "Atuh sukur jig bae sing temen di ditu jeung sing bisa titip diri ka ua maneh."

 Isukna bral indit, barang datang tuluy nyieun imah, sanggeus anggeus tuluy digawe, bener saomong uana tea laris pisan.

 Heuleut saminggu ti sa entas Warju pindah jol aya tatamu ka Bapa Warju nu rek meuli pacul, pokna, "Kamana ari tuang putra bet teu aya digawe?"

 Wangsulna: "Wah pun anak mah geus cumarita di ditu di lembur uana."

28HANDAP LANYAP

Hartina = sagala peta polah, rendah tapi nguntup

 Aki Sarwi ditanya ku lurah, pokna, "Aki sabraha jumblahna anak jeung incu?"

 Wangsulna: Sumuhun saeutik, aya bae tilu puluh mah."

 Lurah: "Ambu! ambu! kumaha dipakananana."

 Aki: "Da tara dipakanan neda ku maneh nun."

 Lurah: "Eta bae aki uyuhan ka tadah maraban anak incu nu sakitu reana?"

 Aki: "Atuh ripuhna mah teu kira-kira manasi juragan da loba ka untungan, ari palebah jisim kuring mah ripuh, tapi kitu-kitu upami ditambah salawe deui incu kaduga keneh bae maraban, enya ge walurat, bener kuring malarat, tapi lamun dibandingkeun sareng nu karagungan gajih duka teuing, nya sanggem bae ngungkulan; sumawonna sareng anjeun mah asana kenging."

Ari balik lurah ka imahna, pamajikanana ngomong, "Ti mana akang teh, tadi aya panyaur juragan Wadana?"

 Jawabna: "Puguh' mentas ngawadul jeung aki Sarwi."

 Pamjikan: "Lah sok daek ngawangkong jeung aki Sarwi, geura rurupaan teh isin, adab, tapi sakitu nguntupna kuring mah teu resep ka jelema handap lanyap."

24