Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/25

Ieu kaca geus divalidasi

29HIRUP KU PANYUKUP GEDE KU PAMERE

Hartina = jelema nu hakan pakena sacukup-cukupna ku pamere bae henteu boga niat sorangan, dagang atawa tani sumawonna jeneng

 Ki Banca geus loba dununganana jadi gandek di kiai meunang lima bulan, di juragan Kumendang meunang salapan bulan, di lurah meunang opat bulan, demi nu panglilana di juragan Aria meunang katilu satengah taun.

 Hiji mangsa datang ka bapana bebeja yen geus teu betah ngagandek di juragan Aria teh.

 Carek bapana, "Ari maneh ku tara dumuk, dideuleu deuleuna loba pisan juragan, ayeuna maneh rek kaluar ti Juragan, heug tapi ka hayang aing cing sing boga pakasaban anu sakira bakal mahi ka maneh, montong bisa ngangeunahkeun teh ka kolot, atuh sadiri dirieun maneh ieu mah saumur-umur hirup ku panyukup gede ku pamere bae."


30HIRUP DINUHUN PAEH DIRAMPES

Hartina = tumamprak pasrah teu hayang naon-naon

 Hiji budak ngaranna Si Encim ngomong ka indungna, pokna, "Ema kuring embung balik deui ka juragan."

 Indung: "Naha? kapan kahayang sia cicing di juragan Assisor."

 Encim: "Ah cumah ari bareto mah jaba tina nyukup dahar pake, rek maparin duit sapoe lima sen, tapi ayeuna geus sapuluh poe henteu maparin."

 Indung: "Hih ujang ulah kitu saperkara, cicing di juragan kahayang maneh, kadua masing inget juragan sakitu nyaahna ka maneh, ari bujang tea salawasna kudu ngajaga piwarangan, ari maneh nya diurus dahar pake, nya dipangmayarkeun sakola,

kudu kumaha kanyaahna juragan, ayeuna mah jig geura balik deui ka dituh wayahna pikiran teh kudu hirup dinuhun paeh dirampes."

25