Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/27

Ieu kaca geus divalidasi

 Jahim: "Jahat kacida sok daek ngadu, maling jeung lacur."

 Aki: "Ayeuna kumaha mulya?"

 Jahim: "Malarat pisan."

 Aki: "Tah hirup manggih tungtung."

 Jeung Si Dengka paehna aya nu meuncit, atuh paingan bae da jelema cilimit sarta jahat, tah nu kitu paeh aya beja."

32HULU GUNDUL DIHIHIDAN

Hartina : nu keur untung tambah-tambah untung

 Agus Jumar juru tulis wadana geus meuli lahan ti Bapa Keon Rp 50 rupia, heuleut lima poe datang urang Solo, nu butuh pisan ku lahan, barang nyahoeun yen Agus boga lahan ti Bapa Keon, tuluy bae ditepungan sarta ditawar Rp 120 rupia, atuh jol dibikeun bae.

 Ku sabab urang Solo tea atoheun tuluy meresen sawitan buatan Solo kira harga Rp 15.

 Saminggu lilana ti saentas ngajual lahan, kuda bibit anu beunang meuli Rp 150 rupia ayeuna aya nu nawar 100 ringgit, ari ka turug-turug isukanana aya tongtonan kuda, kudana nu belo tina ka alusanana meunang persen.

 Sanggeus manehna meunang persen datang besluit jadi mantri ulu-ulu.

 Carek lurah di dinya ka lebe, "Edas bae Agus Jumar aya nanjung keur tina sagala untung, turug-turug naek pangkat.

 Ceuk lebe, "Sumuhun eta mah hulu gundul dihihidan."

33INDUNG LEMBU BAPA BANTENG

Hartina : turunan gagah, beunghar, menak luhur ti indung ti bapa

 Bapa Ibra nanya ka Suja, pokna, "Suja juragan juru tulis camat bejana diangkat kana Wadana, na enya?"

 Suja: "Enya pa kuring mah kaget wani ngalangkah dunungan,bener lain di eta tempat, tapi ngajadikeun kaget ka sarerea."

 "Hih montong kaget, da bapa nyaho raratanana; bisi maneh teu nyaho, eta teh putra dalem Marhum, ibuna putra dalem nu

27