Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/28

Ieu kaca geus divalidasi

ngalih ka Jawa tea, nya pantes bae jlog kana wadana oge, hiji pinter, kadua bageur, ka tilu turunan luhur ti ibu ti rama; eta mah indung lembu bapa banteng."


34IEU AING

Hartina = jelema nu reueus; rumasana bangsa luhur, atawa hade, kasep, pinter gagah jeung sajaba ti dinya (asa pangna).

 Lajim ngomong ka Dasna, pokna, "Dasna! bejana Si Akum diseuseul ku juragan urang, na enya?"

 Dasna: "Enya! da eta elat dipiwarang meuli sapatu."

 Lajim: "Atuh meureun bae diseuseul oge, da si eta mah aya euweuh bangun kana gancang-gancang teh, geuning dewek mah manan diseuseul anggur dipaparin lungsuran sinjang da gancang ari dipiwarang teh; ongkoh si Akum mah jelemana rada ngulet kana gawe; geura dewek mah ku juragan unggal entas tuang kudu bae dipaparin alas, da eta ongkoh baraya ka juragan istri, sarerea oge bujang-bujang di dieu enggeus diseuseul ku juragan, da dewek mah iraha?"

 Lila-lila Lajim jeung. Dasna aya pasendatan, Dasna geuwat bebeja ka Sakum, pokna, "Akum! pohok deui poe tanggalna, Lajim ngomongkeun ka silaing, pajar jelema ngulet teu cara manehna daekan."

 Akum: "Wah adatna si eta mah jelema julig, geura ari ngadeuheus teh ka juragan, gawena ngan ngagogoreng batur bae, sarerea oge geus pada nyaho eta teh jelema sok ieu aing, komo lamun dipuji."


35INDIT SIRIB ANAK EWE

Hartina = indit sarerea anak incu jeung baraya-baraya

 Ayah Aceng diondang ku sobatna rek kariaan di lembur Nangkod, ku sabab dina surat ondangan sanget hayang dida-

28