Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/30

Ieu kaca geus divalidasi

 Panta nembal bari heureuy pokna, "Wah kana pipi dewek moal teurak jeung lebar bae datang ka teurak ku peso mah."

 Sanadi salah sangka marukan nyebutkeun lebar teh si Panta weduk, omongna, "Na enya moal teurak cing ka dieu ku aing kadek, bari pesona diamang-amang kana beungeutna. Si Panta reuwas tuluy suku Si Sanadi ditajong, tina ngarasa nyeri Sanadi ngambek, peso dilepaskan kana beunggeut Si Panta, gero bae sasambat, pokna, "Tulung! tulung! kuring dikadek pipi."

 Teu lila burudul urang lembur daratang sarta pada ngilikan tapak pangadek, malah lurah di dinya datang, pokna, "Nah sia Sanadi wani-wani ngadek pipi?"

 Sanadi: "Da bongan ka kuring najong?"

 Panta: "Meureun bae sia ngamang-ngamang peso rek ngadek."

 Sanani: "Naha da dek ngadek soteh bobodoan.

 Ceuk lurah, "Meugeus geura baralik ubaran bae geuwat ku cuka mana ceuk aing oge ulah hareureuy bisi katuluskeun jurig cara ayeuna."

38 1a. KAJEUN PANAS TONGGONG ASAL TIIS BEUTEUNG
2e. ULAH TIIS TONGGONG PANAS BEUTEUNG
Hartina = 1. nuduhkeun jelema getol, tonggong panas oge ka poe ngeureuyeuh bae digawe lila-lila meunang buruhan tina pagaweanana, ayeuna manehna bisa meunang, atawa meuli kahakanan jadi beuteungna tiis (seubeuh) henteu kukurubukan.
Hartina = 2. tiis tonggong panas beuteung mah sabalikna.

 Ami ngadekul bae unggal-unggal poe ngarambet, teu kalis aya batur, ceuk tatanggana, "Ami naha ari maneh popohoan teuing digawe teh, bet unggal-unggal poe ngan ngarambet bae, mun muruhkeun, bulan tukang ilaing mah ngadekul bae ngaseuk ku maneh."

 Jawabna: "Hih euy kajeun panas tonggong asal tiis beuteung, ti nimbang tiis tonggong panas beuteung mah. Geura ilaing cicing

30