Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/31

Ieu kaca geus divalidasi

bae henteu aya pagawean, naon mangke anu didahar, bener tonggong tiis tapi beuteung panas hayang barang hakan (kukurubukan)".

39KAWAS TERONG BEULAH DUA

Hartina = sarupa boh hade boh goreng, ari babakuna rupa indung atawa bapa jeung rupa anakna (jeung dulur)

 Raden Wirakarana boga anak lalaki, rabul nu ngalayad awewe lalaki tina boga anak kakara, pada nyareumpal aya nu mere encit, aya nu duit, nu saputangan madras, aya nu samping jeung aya nu ku congcot make uyah lembut, tarasi bawang bodas, cariu jeung bakakak.

 Demi rupana budak ceplek pisan jeung rupa bapana (Raden Wirakarana), sakur nu pada ngalayad kabeh pada mangku sarta didoaan.

 Ceuk Pa Karwa bari ngalahun budak, "Kamana Raden Wira, geura ieu tuang putra aya sarua jeung bapak, ieu mah terong beulah dua."


40KAWAS GULA JEUNG PEUEUT

Hartina = jadi hiji tina hade pada hade (sili asih)

 Urkasan hade kacida hatena ka Suan, kitu deui Suan asih ka Urkasan, ka mamana kudu reureujeungan, heesna reujeung, lalajo embung pisah, meuli baju hayang sapasang.

 Lamun Urkasan aya nu mere duit tuluy diduakeun bae jeung Suan, Suan pon nya kitu keneh.

 Hiji poe bapa Urkasan papangih jeung indung Suan, pokna, "Aja Si Ujang di ditu?"

 Wangsul indung Suan, "Unggal poe oge di ditu bae, da eta budakna jiga embung pisah jeung pun anak teh kawas gula jeung peueut bae."

31