Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/33

Ieu kaca geus divalidasi

 Ki Turas ngomong ka guruna ngaji, pokna, ”Kiai kuring ayeuna mah amit mundur bae, da di dieu oge kuring ngaji teh belet pisan, saperkara kuring isin ku kiai, kadua era ku babaturan, katilu era ku kolot, da ari bekel mah murudul bae unggal-unggal bulan.”

 Guru: ”Hih Turas leukeunan bae heula, teu bisa bulan ieu sugan bulan hareup, lamun maneh hayang bisa keur naon make era ku guru atawa ku babaturan, sumawonna ku kolot, cing atuh ayeuna getolan diajar teh, jeung cing sing daek kuru cileuh kentel peujit ambeh padang ati.”

ATAWA

 Ceuk Si Sambar ka Si Tolo, ”Tolo ka mana Si Ajar, ayeuna urang ajak lalajo lilingong di lembur Sadang?”

 Tolo: ”Ah si Ajar mah ulah dibawa ka mamana karunya jelemana keur kuru cileuh kentel peujit hayangeun boga pangabisa.”


44 KEUR MEUJEUHNA BUTA TULANG BUTA DAGING

Hartina = keur meujeuhna bedas kira-kira tina umur 18 taun nepi ka 30 taun

 Dina hiji poe aki Siin jeung bapa Uman ting arungked bae ngangkat balok ti huma rek dibawa ka lembur, meueus-meueus eureun, meueus-meueus eureun di jalan, tina ku bawaning beurat, sabot keur eureun datang agus Dira, omongna ”Kai ti mana ieu aki?”

 Wangsulna: ”Kai ti huma rek dibawa ka lembur, tapi teu kaur balas eureun da beurat.”

 Dira: ”Cing aki ku kula bawa, bari tuluy balok teh dipanggul ku sorangan, semu hampangeun pisan, bari tuluy dibawa ka lembur aki Siin.”

 Bapa Uman gogodeg bari ngomong ka aki, pokna, ”Edas agus Dira mah nya bedas.”

 Ceuk aki, ”Atuh meureun bae bedas oge, da keur meujeuhna buta tulang buta daging.

33