Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/34

Ieu kaca geus divalidasi

45LANDUNG KANDUNGAN LAER AISAN

Hartina = sabar (gede timbangan)

 Ambu Banis boga anak lalaki hiji teuing ku bangor tina bangorna kacida, ku ambu Banis diserenkeun ka adina sina diajar, tapi adina oge teu bisaeun ngawarah, ti dinya diserenkeun deui ka lanceukna, tapi nya kitu deui bae anggur tambah bangor, sakur nu dicicingan ku eta budak teter.

 Bapa Jawi barayana keneh ambu Banis, karunyaeun, tuluy budak teh dirawatan, barang ambu Banis nyahoeun geuwat datang ka Bapa Jawi; pokna, ”Akang bejana Si Ujang dirawatan di dieu, atuh kuring rebu-rebu nya nuhun, mugi akang sing landung kandungan laer aisan bae tina budak sakitu badeurna.”


46LUNCAT MULANG

Hartina = teu puguh

 Asran ngomong ka adina, pokna, ”Jalu, domba adu aing tukeurkeun ayeuna mah kana bikang supaya meunang dua bae.”

 Jalu: ”Mangga kang, bareto mah Pa Emen nu hayangeun teh.” Jalu tuluy bebeja ka Pa Emen pokna, ”Bapa ayeuna mah domba kang Asran rek ditukeurkeun kana bikang, tapi hayang meunang dua nu galede.”

 Pa Emen, ”sukur, tuh domba bapa nu galede cokot di sawah.”

 Jalu: ”Mangga, mangke bae sore ari geus kalung,” bari tuluy balik.

 Teu lila gok deui jeung lanceukną pokna, ”Kang geus aya nu rek nukeuran ku bikang galede dua, tuh ku Pa Emen.”

 Asran: ”Lah nyaah euy ditukeurkeun mah cing atuh beuli bae kitu sapuluh perak.”

 Jalu geuwat balik deui ka Pa Emen pokna, ”Bapa! geuning ceuk akang hayang dijual bae kajeun sapuluh perak.”

 Pa Emen: ”Kajeun sapuluh perak oge, geura bawa bae'ka dieu, da bapa bogoh (resep).

34