Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/35

Ieu kaca geus divalidasi

 Jalu geuwat balik, barang domba rek dibawa Asran ngomong, Rek dibawa ka mana?”

 Jalu, ”Kapan rek dijual sapuluh ,perak.”

 Asran: ”Ah teu tulus resep keneh ari hayang mah miara heug kitu ka bapa, ari dibeuli mah ulah, cig bawa bae ka ditu.”

 Jalu tuluy mawa domba; barang rek diduitan Jalu ngomong, ”Bapa saur akang ari digaleuh mah ulah, lamun bapa resep mangga piara bae di dieu.”

 Pa Eman ngambek pokna, ”Naha sia nyocoo teuing ka aing teh, tadi hayang ditukeuran, pek deui hayang dibeuli, ari rek diduitan, nitah dipiara naha aing teh bujang dulur sia, hayoh geura bawa mantog, aing teu sudi papanggih deui jeung jelema teu puguh.”

 Jalu eraeun tuluy balik bebeja ka lanceukna pokna, ”Kang teu daekeun ari miara bae mah, sarta Pa Eman ka kuring ngambek, da eta akang mah kasauran tea luncat mulang.”


47 LEUTIK RINGKANG GEDE BUGANG

Hartina = ka jelema, leutik waruga gede papaitna.

 Embah Karma mapatahan ka incuna, pokna, ”Ujang cing ayeuna mah sing bageur da aki geus kolot, ulah sok ider-ideran teuing nyaba teu puguh, maneh mah aya di nagara sorangan teh ngan wates saminggu, ngatrok bae di nagara sejen, mending mun puguh gawe, cing ayeuna mah ulah sok nyiar pikamelangeun kolot, kumaha mangke lamun paeh di jalan di pasampangan, lain matak nyusahkeun; kuda munding mun ngajóprak di jalan nya tuluy bae dipiceun, ari jelema mah leutik ringkang gede bugang.”


48LEULEUS AWAK

Hartina = daekan dititah

 Katranganana sarua bae jeung hampang birit dina buku jilid I.


49 LEUBEUT BUAH HEJO DAUN

Hartina = sarua bae jeung keur meujeuhna hejo lembok dina buku jilid II

35