Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/36

Ieu kaca geus divalidasi

50MANGKOK EMAS EUSI MADU

Hartina = jelema nu hade trus omongna alus, gekna hade, lampahna bageur, omongna jeung lampahna trus hade ka ati-atiná

 Ujang Samhari jelema ampuh lungguh, hade basa handap asor, manis budi, ka turug-turug hade rupa, sakitu henteu nyieun luhur ka sasama atawa ka sahandapeun, jelema teh resep campur jeung isin bae, geus puguh sasama atawa sahandapeun martabatna, hingga anu saluhureun oge ngaradaban jeung resep bae ka agus Samhari, tina jelema terus teu aya pisan palsuna omongna terus jeung adatna katut ka budi-budina hade, jadi nu sarupa kitu asup kana paribasa mangkok emas eusi madu, keur tata polahna hade, alus ka ati-atina.

Coba terangkeun deui naon bedana:
Batok bulu eusi madu
Mangkok emas eusi delan
Mangkok emas eusi madu.


51MANIS LAMBE

Hartina = jelema bohong, jangji sanggup naon-naon, tapi ngan omong wungkul; jelema nu kitu ka reaanana sok aya oge pangarahna

 Ki Gundik disaur ku kiai pokna, ”Gundik bejana di silaing rea binih cau galek, cing dewek kirim beulieun.”

 Gundik: ”Binih cau galek mah ngalideg, ari hoyong mah mangga, sareng montong ngagaleuh, seja ngahaturanan bae, malah upami kersa bade dihaturanan cangkok rambutan aceh.”

 Kiai: ”Atuh sukur, sukur, tah ieu bako sajamang mere keur silaing; iraha dianteurkeunana?”

 Wangsulna, ”Iraha bae ngan ulah dinten ieu naas,”

 Isukna isuk-isuk Kiai miwarangan nyokot binih cau jeung cangkok rambutan. Ceuk Gundik, ”Teu acan sayagi ayeuna mah isuk pageto deui kitu unjukeun.”

36