Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/38

Ieu kaca geus divalidasi

(mungkir) jeung bisi reuwaseun, ku sabab kitu bapana tuluy nanya mimitina, "Damin! domba geus dikalungkeun?”

 Wangsulna: ”Parantos.”

 ”Manuk tadi diparaban?”

 Damin: ”Parantos malah dibere kacang herang, ambeh bungkak.”

 ”Ari tadi eta lomari dikunci?”

 Damin: ”Henteu.”

 ”Sia tadi muka lomari?”

 Damin: ”Muka ngabantun baju.”

 ”Ari duitna ku sia dicokot?”

 Damin ngeluk teu nembal tina rumasa.

 Tuluy Si Damin dijangjian ulah kitu-kitu deui.

 Ku omongan ieu oge Bapa Damin nanyana malapah gedang.


53MENTA BUNTUT (BUNTUTAN)

Hartina = menta deui

 Nyi Sarem ngalimed bae nyatu, ku indungna di pangmeulikeun cungur tilu duit, ngeunaheun naker wani cacamuilan, ari geus beak Nyi Sarem hayang keneh tuluy ngomong, pokna, ”Ema! ema! cing menta deui cungur, bet raos uduh.”

 Wangsul indoengna, ”Hih eulis ulah sok menta buntut emateu boga deui duit.”


54 MUN TEU NGARAH MOAL NGARIH
MUN TEU NGAKAL MOAL NGAKEUL
MUN TEU NGOPEK MOAL NYAPEK

Hartina= kudu daek kipayah kumaha akalna ngarah rejeki tina dagang atawa tina tani atawa kuli teu bisa tina tani ah sugan tina dagang, teu bisa dagang sugan tina kuli, diakal-akal supaya bisa nyatu, lamun geus timu ngarah rejeki, bisa akalna, ngopek sagala gawe daek, nya tangtu bisa ngarih, lamun geus ngarih tangtu deukeut
38