Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/40

Ieu kaca geus divalidasi

coba ana geus nyaba teh poho di anak poho di pamajikan,unggal-unggal poe ngan ngider bae, nya rajeun cicing di imah ngan ukur sajam geus les deui.”

 Mas Lubin: ”Iraha atuh ayana di imah supaya kuring bisa papanggih

 Mitoha: ”Duka atuh, rasa bapa hese lamun hayang papanggih di imahna mah kawantu geus murag bulu bitis.”


56NGAGANDONG KEJO SUSAH NYATU

Hartina = loba titaheun, hese nitah (saperti nu loba anak atawa loba bujang)

 Ambu Sureng anakna aya sapuluh, nu geus lanjang nu geus bujang jeung aya keneh budak nu disusuan.

 Tapi ambu Sureng ripuh kacida nguruşkeun hakan pakena barudak, sabab upama wawadahan kotor, tacan ka warung, nitah anakna nu lanjang tara daekeun sabab pikiranana era ngumbäh wadah, atawa ka warung, nitah adina tara ngagugu anggur ulin, sumawonna nu bujang, sakalieun rek meulahan suluh oge tara daekeun, pokna, ”Teu bisa,” bari baeud anggur geuwat ngaleos ti imahna, jadi ambu Sureng digawe prak ku maneh prak kumaneh bari ngekelek budak nu keur disusuan tea, demi usum nyatu baru dak ngagimbung marenta nyatu, lamun kejo acan asak ngàgegentak malah aya anu ceurik.

 Kitu deui lamun euweuh deungeunna barudak teh baraeud.

 Carek indungna, ”Ayeuna barudak montong harayang nyatu, da tara beunang ditaritah, coba maneh geus pantes naker nulung ka indung, tapi euweuh hiji nu beunang dititah, da ari elat nyatu mah garoreng budi, nyatu euweuh deungeunna jamedud, naha kudu aing cara kikinciran, bari ngelek-ngelek budak, bet unggal-unggal poe tara beunang dititah.”

 Nu sarupa kitu asup kana paribasa ngagandong kejo susah nyatu.

40