Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/42

Ieu kaca geus divalidasi

 Nyi Naan heran tuluy bebeja ka Nyi Tarsi, pokna, ”Tarsi kami heran ku Nyi Ijem, ditanya bet henteu daek nembalan, bari kuraweud hangseur, cumiduh, na kunaon?”

 Nyi Tarsih: ”Euh eta meureun basa kamari rasana nyeungseurikeun manehna, cing hayu urang sampurkeun, bisi pajah enya.”

 Ti dinya tuluy arindit barang datang ceuk Nyi Tarsi, Ijem kunaon maneh ditanya ku Nyi Naan bet, teu nembalan, malah semu nu ngewa, ka kami ge meureun nya kitu, bisi maneh ka isinan ku kami, kami mah seuseurian soteh nyeungseurikeun impian, ngan salahna kami teu nanya, meugeus, ayeuna mah montong ngandung hate da kami wani sumpah.”


59NETE TARAJE NINCAK HAMBALAN

Hartina = kudu beres entep seureuhna cara Guru-guru anu aya piunjuk ka anu ti payun kudu jalan heula ka school Commissi, ti dinya dijalankeun deui ka mana mistina.

 Mas Takwa Kweekeling di hiji sakola, dina hiji poe manehna rekes nyuhunkeun tambah gajih, barang surat geus anggeus tuluy bae dikirimkeun ka Directeur di Batawi.

 Henteu sabraha poe lilana eta rekesan tea dibalikeun deui ka Commissi sakola di eta tempat.

 Barang Commissi sakola tingalieun, Mas Takwa geuwat disaur, sanggeus datang saur Commissi, ”Takwa naha maneh rekes torojogna ka Directeur, lamun maneh teu nyaho eta surat rekesan kudu dilapor heula ka Mantri Guru, ku Mantri Guru dilaporkeun deui ka Commissi sakola, kapan kudu nete taraje nincak hambalan.”


60NGACAK NGEBUR

Hartina = sakama-kama make kana banda

 Agus Jingga jelema bageur, getol ti leuleutik kana sagala apik jeung daek, lila-lila jadi beunghar, duit loba, sapi, munding nya kitu, jadi Agus sakarep-karepna jadi jeung gampangna.

 Demi Ki Adu jelema kedul ti leuleutik kana sagala embung, ana geus kolot nyamos pisan teu aya ka bogana. Imahna oge nurut di

42