Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan III.pdf/44

Ieu kaca geus divalidasi

peti, tuluy ku sia dibeulikeun kana encit di jalan, satadina aing hayang ngawarah ka sia, tapi wates beja sakali dua kali mah ku aing teu digugu, ari ayeuna ka tilu tetela pisan.”

 Harita keneh Nyi Saling ku indungna diborogod di cangcang dina tihang imahna, sabab gues nista maja utama.

ATAWA

2e. Kana leuleumpangan jauh
lamun leumpang sorangan nista,
duaan maja,
tiluan utama.

 Leumpang sorangan, lamun manggih balai tonggoy euweuh anu nulungan.

 Lamun duaan manggih balai nu saurang, nu sarurang deui susah ari rek nungguan di dinya euweuh nu baris bebeja, ari indit ditinggalkeun nu cilaka ngan sorangan.

 Lamun tiluan utama (cukup) sabab upama nu hiji cilaka, nu hiji nungguan nu hiji deui bebeja.

ATAWA

3e. Kanjeng Residen kalaporan ku paduka tuan Controleur yen juru tulis camat geus meujeuhna diangkat juru tulis Wadana, sabab pagaweanana maju.

 Kanjeng Residen acan ngagugu, karana nista keneh, kakara aya laporan ti saurang, biheung teuing eta mah pitulungna bae.

 Kadua kalina kalaporan deui ku Kangjeng Dalam yen eta juru tulis maju, rajin kana gawe, tapi Kangjeng Residen tacan keneh bae ngangkat karana kakara maja.

 Geus kitu kalaporan deui Kangjeng Assisten yen eta juru tulis maju rajin daek kana gawe, ku margi eta disuhunkeun supaya eta juru tulis diangkat kana juru tulis Wadana.

 Ayeuna kakara Kangjeng Residen nurutkeun sabab geus utama, hiji: tuan, Controleur, dua Kangjeng dalem, tilu Kangjeng Assisten, eta katrangan cukup pisan geus meunang katrangan ti tiluan.

 Atawa aya nu nerangkeun kieu. 4e. Jelema nu nista nu kakara lalajo wayang kulit.

44